Pandapat abdi mah, moral ieu carita teh: urang ulah nganilai jalma tina
panampilan atau profesina. Si pastur nganggep urang suku primitif teh
barelegug, eh nyatana aya oge lulusan universitas.
Aya carita menarik, keur sakola samester hiji pernah aya kuliah umum ti
konsultan bank dunia anu ngakuna mah Ph.D ekonomi. Ngomongna mani ngayakinkeun
pisan (sabenerna mah nu dikuliahan teu ngalartieun, da bahasa inggrisna medok
pisan). Si bule teh ku bank dunia ditugaskeun jadi konsultan keur ngembangkeun
pendidikan di tempat abdi sakola. Tapi lila-lila belegugna kanyahoan. Pak dekan
ngecek ka sakola di amerika anu cenah dimana si bule nyandak S3 (Ph.D). Eh,
ternyata si bule teh bohong. Rupana si bule teh sakolana S1 di bidang sajarah.
Mungkin awalna si bule teu ngira yen pak dekan sareng dosen-dosen nu lain
kungsi sakola di Amerika.
Sofian M Asgart <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Kang Waluya, jigana mah nu nyieun eta humor teh orang Cambridge (saingan
berat Oxford) kanggo ngece yen Oxford teh mutuna rendahan. Biasalah di urang
oge sok aya saling ece antar kampus. Saperti dongeng "Lulusan UNPAD" (mungkin
tos pada terang, punten). Kacaritakeun aya hiji lulusan UNPAD anu hese gawe
akhirna frustasi terus jadi mamaungan di kebon binatang. Waktu keur pentas
kajeblos ka kandang singa. Atuh orokaya reuwasna nalika singa ngadeukeutan ka
manehna. Tapi ... barang eta singa geus deukeut lain ngegel, tapi kalaka
ngaharewos: "tong siuen kang ... da abdi oge lulusan ITB," pokna.
Aya oge versi joke anu mirip jeung carita Kang Waluya dihandap tapi ieu mah
versi Indonesia (yogya). Kacaritakeun kelompok MAPALA UGM kemping ka Irian.
Manehna kakepung ku suku primitif. Saengges nyaho yen maranehna teh mahasiswa,
terus kepala sukuna ngainterogasi ka salah saurang kelompok MAPALA eta.
" Silaing kuliah jurusan naon?"
"Politik," ceuk salah saurang anggota mapala
"Gantung ... eta jelema jahat!" ceuk kapala suku.
Si kapala suku terus nanya ka salah sahijina deui, "Ari silaing jurusan naon?"
"Hukum," ceuk mahasiswa sejena
"Duruk... eta jelema biadab!" ceuk kapala suku.
Ret deui si kapala suku ngareret bari nunjuk ka salah sahiji deui mahasiswa.
"Ari silaing jurusan naon?"
"Antropologi," ceuk eta mahasiswa bari ngeleper bakat ku sieun.
"Wah ... ampihan ieu mah balad urang," ceuk kapala suku bari ngagabrugan ka
mahasiswa antro eta.
NB: punten bilih tos basi joke-na
Waluya <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Baheula, di jero benua Afrika, aya missionaris Nasrani katewak ku suku
primitif nu masih kanibal. Para kanibal ieu kacida aratoheunana, geus lila
maranehna teu ngadahar daging manusa, komo ieu mah daging urang bule,
kacida meureun empukna. Para kanibal teh nyiapkeun kuali nu gede pisan,
keur ngulub Bapa Pastur. Ger seuneu dihurungkeun, keur ngagolakkeun cai.
Geus cai ngagolak, Bapa Pastur nu ditalian teh disered dibawa ka deukeut
kuali. Tapi samemeh dicemplungkeun kana kuali, Pupuhu (Kepala) Suku, pok
ngomong : "Naon pamenta anjeung pangakhirna, hey bapa pastur?
Kacida ngajenghokna pastur teh, kaget, naha kepala suku teh tiasaeun
nyarios ku Basa Inggris. Poho kana pamenta akhirna, pastur malah malik
nanya ka kepala suku:" Geuning tiasa Basa Inggris? dimana diajarna?"
"Kuring pan tamatan Oxford!", ceuk Kapala Suku teh, kalem.
Tambahan ti Kuring:
1) Oxford : Universitas nu kasohor di Inggris
2) Moral humor ieu, naon nya? cikan aya nu terang?
Baktos,
WALUYA
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
SPONSORED LINKS
Corporate culture Business culture of china Organizational culture
Organizational culture change Jewish culture
---------------------------------
YAHOO! GROUPS LINKS
Visit your group "urangsunda" on the web.
To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.
---------------------------------
---------------------------------
Relax. Yahoo! Mail virus scanning helps detect nasty viruses!
[Non-text portions of this message have been removed]
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
SPONSORED LINKS
Corporate culture Business culture of china Organizational culture
Organizational culture change Jewish culture
---------------------------------
YAHOO! GROUPS LINKS
Visit your group "urangsunda" on the web.
To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.
---------------------------------
---------------------------------
Yahoo! Mail
Bring photos to life! New PhotoMail makes sharing a breeze.
[Non-text portions of this message have been removed]
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
Yahoo! Groups Links
<*> To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/
<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
http://docs.yahoo.com/info/terms/