Kang Surtiwa,  da memang eta merek jas teh alus, oge barang2 batur mah hade. 
Masalahna urang teu keyeng jeung micinta kana barang buatan urang. Mun urang 
keyeng kana program ACI (Aku Cinta buatan Indonesia) taun 80an  nu digeder ku 
Pak Ginanjar Kartasasmita urang meuli, ngamodalan industri urang sorangan plus 
meureun aya litbangna keur naekeun kualitas nu bisa nangtungkeun sapatu 
Cibaduyut sajajar jeung Belly, Aigner, atawa jas model Santung (nu di gedong 
Palaguna alun2/aya keneh?) geus ngarendeng jeung Emergildo Zegna atawa Hugo 
Boos jste.  Asa sono kana antusiasme program ACI, enya ge Rhenald Kasali geus 
jadi staf ahli Menteri Perdagangan, tapi teu acan  aya gaungna tah kana ACI.
   
  Masalah panghalang2  kondisi nu ngadukung ACI, nya eta meureun  miceun mental 
"juragan"/hayang dilayanan nu jadi sumber KKN. Eta mah program "total football" 
balarea. Ieu oge sarua hesena jeung masalah ACI.
   
  Jadi kaayaan urang memang beurat nya. Pabrik tekstil dina koran mah siap2 
tararutup mun tekstil China teu bisa dipendet (jeung urangna pondok mikir ku 
meulian). KKN?....maraton nu duka iraha anggeusna.
   
  salam
  JP
  
H Surtiwa <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
  Tungtungna sararieun lamun urang rek dadamelan sorangan. Kumargi aya 2
faktor anu disebat "non starter' kanggo mandiri nyaeta;
1. sikap urang sadaya anu ngaraos leuwih ngahrgaan kana barang luar nagri.
cenah mah leuwih paten eta cenah. Nganggo setelan jas Emergildo Zegna cenah
leuwih hampang sareng tenang ti bantan setelan jas buatan klirmaker lokal "
Saeutik Untungna".
2. ari jijieunan sorangan teh loba panghalang kana pameresan izin,
pajek,preman, bloki/monopli pasar , saenge ta no 1, konsumen urang teuresep
kana barang na.
Tos gaduh Honda, hoyong BMW, teras mercy teras jaguar. Tas tanggul angin
atanapi Cibaduyut asli dime4rekn Louis Vutton (si lui putong).



On 3/1/06, Jalak Pakuan <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> Bah Willy mun teu salah mah jurus-jurus teh geus dicoba dikaluarkeun, ti
> jurus ngarayap ngagarap agrikultur heula terus kanu canggih, nepi ka jurus
> luncat bangkong...mun bisa nyieun kapal terbang piraku motor, lokomotif teu
> bisa. Strategina oge teu sambarangan...tos rebuan disakolakeun ka
> nagara-nagara maju. Kunaon atuh geuning hasilna  jiga nu depot bae? Cenah
> kalemahan urang mah masalah mental. Otak mah mararaju mental nu teu kabina,
> masih tetep resep potong kompas, neangan gampangna, teu leukeun hayang
> gampangna bae. Kabeh sarua marake basa sunda "kumaha engke". Dina lebah dieu
> mah sigana salah masang "kumaha engke" pan ari urusan pangwangunan mah
> kuduna "engke kumaha". Kulantaran teu jelas engke kumaha tungtungna seueur
> bangsa urang nu palalinter tapi arembung balik deui  ka lembur. Atuh nu
> palalinter dilembur paburincay arindit ka nagara sejen.
>
>   Kumaha atuh kapayuna? Ceuk kuring mah urang masing-masing we leukeunan
> naon nu disanghareupan. Nu dina jarum pentul nya teraskeun sing jadi unggul,
> nu tos dina high-tech nya sami teraskeun. Isuk pageto sugan baraya nu diluar
> baralik deui ka lembur. Ahir taun 80an/awal 90an urang2 China baralik ka
> lemburna (China Mainland), hasilna ayeuna China jadi nagara hebring, ekonomi
> solid, teknologi nepi ka luar angkasa.
>
>   Jadi engke kumaha tatar sunda jeung NKRI teh?
>
>   salam
>   JP
>


Makarya Mawa Raharja

                
---------------------------------
 Yahoo! Mail
 Use Photomail to share photos without annoying attachments.

[Non-text portions of this message have been removed]



Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke