Urang Arab, saperti oge urang Cina, dijaman kolonial boga status anu 
beda jeung bangsa pribumi. Urang arab statusna warga nagara kelas 
dua,  sahandapeun urang Eropa, tapi saluhureun bangsa pribumi. Urang 
Arab nu daratang ka Indonesia, umumna niatna neangan kahirupan anu 
leuwih alus ti lemburna. Urang Arab biasana usahana nginjeumkeun 
duit atawa barang ka lembur-lembur. Urang Sunda boga istilah keur 
urang Arab ieu, nyaeta Arab Mindring. Kulantaran statusna leuwih 
luhur, urang Arab, ku bangsa Pribumi disebut "tuan", nu akhirna jadi 
nyalenggor kana kecap "Wan".

Kalakuan kaum Arab Mindring ieu, dina nginjeum-nginjeumkeun artos di 
pilemburan, lir ibarat rentenir jaman ayeuna. Neken pisan kanu 
nginjeum. Tapi saperti umumna bangsa nu kajajah, urang sunda teu 
bisa ngalawan, tapi ngalawanna teh ku heureuy (humor). 

Heureuy, salah sahiji bentuk "barontak" hiji masyarakat kana sistem 
anu neken. Contona urang Rusia, waktu komunis keur kawasa. Loba 
heureuy nu marucunghul (bukuna kungsi di Wedalkeun di urang, "Mati 
Ketawa Cara Rusia"). Kitu deui di urang, jaman Orba loba 
heureuy/humor nu nyeungseurikeun pejabat Orba. Heureuy sinis umumna 
muncunghul lamun masyarakat ngarasa TEU WALAKAYA.

Kunaon bet urang Arab/India jeung Cina, nu dijieun kaheureuyan lain 
Walanda nu ngajajah. Tah didieu pinterna Walanda. Urang Asing nu 
langsung kontak jeung pribumi nya urang Asia ieu, sabab warga Asia 
ieu "dijieun" kaum perantara antara juragan menir Walanda jeung 
rakyat pribumi. Nu matak teu aneh urang Asia (Timteng jeung Timur 
Jauh) jadi obyek kaheureuyan nu diturun-tumurunkeun tepi ka ayeuna.

Ka urang Arab, heureuy urang sunda tambah langgeng jeung nambahan, 
sanajan ayeuna geus "mardhika" oge. Komo saatosna seueur TKW nu 
arangkat kaditu, terus aya nu nasibna diditu teh katalangsara. Kitu 
deui  aya oge urang ARab nu datang kadieu malah kawin sangeunahna. 
Sabenerna bangsa pribumi teh protes, tapi teu bisa, alias NGARASA 
TEU WALAKAYA kana sistem nu ngamungkinkeun hal-hal nu goreng 
mucunghul. Nu nonghol nya heureuyna. Sistem, kaasup sistem di nagara 
urang nu teu bisa ngalindungi TKW atawa awewe nu dijieun gundik ku 
urang Arab. Tapi nu keuna geutahna mah tetep Urang Arab nu 
jadi "obyek" kaheureuyan.

Heureuy model kieu. moal bisa di sweeping, moal bisa dilarang. 
Partey Komunis nu represif di Rusia oge, teu bisa ngabendung 
nerekabna heureuy. Kitu oge di urang, satutung loba keneh TKW nu 
kadungsang-dungsang/katalangsara di nagari Arab, satutung sistem di 
urang dina ngirim TKW amburadul. Heureuy nu obyekna ka urang Arab 
bakal tetep aya malah mungkin ngalobaan. Ulah ngalarang heureuyna, 
tapi tingali masalahna kunaon pangna mucunghul heureuy sinis ieu?

Kanggo kang Yudi, Masalah majalah ME benten. Ieu majalah nyieun 
artikel nu ngahina wanoja Sunda (sanes heureuy). Kunaon kuring 
ngambek? sabab eta artikel teh nunjukkeun aroganna kaum nu beunghar, 
nu keur kawasa dina ngajejeleh Wanoja (sunda). Tapi humor-humor ka 
urang Arab nu hirup di urang Sunda/ bangsa pribumi sanesna, leuwih 
nunjukkeun KATEUWALAKAYAAN urang Sunda. 

Memang ieu sensitif, sabab aya oge nu nganggap Arab teh Islam, jadi 
ngaheureuykeun urang Arab sami jeung ngahina Islam. Padahal lamun 
diemut deui, musuh Kangjeng Nabi teh, sanes urang mana-mana, tapi 
nya urang Arab. Ari Abu Jahal, ABu Sofyan, Hindun teh urang mana 
kitu?


Baktos,
WALUYA

--- In [email protected], "Yudi Irmawan" <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> Euleuh ieu teh Nia meni 'ngadukeun embe' kieu hehehe
> Ah sadaya oge tangtos saideu sapamikiran di dieu mah, hoyong
> silaturhami sareng baraya salembur sareng sakedik2 babarengan
> ngamumule tur ngaronjatkeun urang Sunda...
> 
> Ku sumanget ieu, kamari teh tumaros heula bade dicandak kamana
> perkawis kaawonan urang Arab teh. Da ari mung bade nyarioskeun
> kaawonan wungkul mah pan asana teh teu guna (rada2 beuritokrat aeh
> meritokrat meureun si kuring teh hehehe). 
> 
> Heureuy? asana teh kamari jarang nu gumujeng waktos ME waktos 
nyebat
> 'wanita Sunda materialistis', atanapi waktos Ade Nasution nyebat
> 'Urang Sunda mah dipasihan lilin oge cicing'. Mun heug ayeuna urang
> siga kitu, atuh teu aya bedana jeung maranehna urang teh.
> 
> Kitu nu aya di lebet sirah teh; duka leres henteuna mah
> 
> Baktos
> Yudi
> 






Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Kirim email ke