Assalamu'alaikum Wr. Wb. Wilujeung Enjing ka sadayana... Kumaha daramang nun...?!!Punten bade ngarepotkeun sakedik. Ieu mah bilih diantawis baraya sadaya aya anu gaduh koleksi nami-nami kanggo 'utun-inji', Abdi nyuhunkeun. Pami tiasa mah anu langsung tiasa ditangkodkeun, margi asa haroream pami kedah lalayaran heula.
Numawi kieu Kang, Teh... Pun bojo nuju kakandungan tos tujuh sasih, nanging Abdi tacan gaduh pinamieun kanggo si 'jabang-bayi'. Koleksi nami-nami na mah wios bade nu gaya Sundanesse, Yunani, Inggris atanapi Islami oge hehehe...Anu penting mah sae, apanan sepuh teh kedah masihan nami anu sae kanggo murangkalihna sanes...??!Hehehe... Hatur nuhun sateuacanna... Salam Baktos, Ono Taryono ==> Anu Bade Janten Bapa [Non-text portions of this message have been removed] Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

