On 3/7/06, [EMAIL PROTECTED] <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> Wilujeung Siang Mang Jamal...
>
> Reueus Abdi mah Mang...mireng yen rayi Mang Jamal (leres rayi kitu, bilih
> Abdi lepat...??!!) dicalonkeun janten Presiden KM ITB, sok lah diduakeun
> mudah-mudahan sing 'goal'. Punten wiat cariosan we ka tuang rayi,
> jantenkeun deui Kemahasiswaan ITB teh minangka 'agent of change' pikeun
> kahirupan rahayat anu madani...boh rahayat di lingkungan kampus,
> masyarakat sabuder, atanapi sa-lemah cai...

muhun, si andiw teh adi bungsu. umurna teh satengah umur abdi.   pede
na sajuta si eta mah. benten jeung abdi harita. mangga ke didugikeun.
si eta ge ngiringan KUSnet-husus jadi tukang kaos tea- tapi jarang
nonghol.

> Nanging masalah akademikna oge tong dilalaworakeun. Harita, basa Abdi
> masih ngiringan kagiatan di KM ITB, kaleresan Presidenna teh senior Abdi
> di jurusan Teknik Kimia. Mung hanjakal, anjeunna teu tiasa namatkeun
> SarMud-na margi aya sababaraha mata kuliah anu tacan lulus. Antukna
> anjeunna di-DO, ayeuna neraskeun kuliahna teh di Teknik Kimia UNJANI.

enya, hariwang soal eta we. basa tsunami aceh, manehna ka ditu oge.
atuh kuliah sasemester amburadul. hadena aya dosenna nu bageur, tiasa
ujian susulan, malah aya nu teu kedah ujian asal nyandak poto2 alam nu
rusak ku tsunami, nya da patali sareung jurusanana. kamari ngangon
kanguru, kuliah sasemester amburadul. tapi riset di ANU, tiasa janten
KP cenah.

> Jigana mah Mang Jamal oge 'mantan' ketua himpunan senirupa sareng desain
> ITB nyaa...??!!

sanes kang. abdi mah resmina teu janten anggota himpunan2 acan. da teu
ngiring di OS. dinten kahiji tos kabur. teu tabah dicarekan/dihukum
panitia. haha.
ongkoh abdi cikal, ti kulawarga kampung nu munggaran pisan kuliah, 
janten lempeng we: kuliah, bari bekelna samporets pisan. ngangge jurus
untung mah, untung lulus ge. hehe.
--
geocities.com/mangjamal


Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Kirim email ke