Hatur nuhun Teh Ipeut, Ki Adi, Kang Enduy urang Sayati (nepangkeun, abdi ge
urang Marken caket Sayati), Kang Hanjuang Bodas siganamah ngintun virus ka abdi
tuuhh
Dinten Sabtu Kamari abdi tos repeh da dibebenjokeun bubur hayam ku Kang
Yosep heheh
Dinten Senen kamari, abdi teu lebet damel jajap pun biang ka Sumedang, ka Jl.
Pangeran Geusan Ulun. Kaleresan ningali angkot Sumedang-Cieunyi dipengkerna aya
seratan Siti Rohmah atuh ngiiing deui abdi teh nangis
.hiks
hiks
nyaan yen
nami Siti Rohmah teh nami nu awon, kumargi nu sok diserat dina angkot,elp
atanapi treuk biasanamah nu kumaha kituw
. Contona : Ciroke janten
Cherokee
ih, da nembe kamari abdi ngartos daerah Ciroke.
Engjing2 muka komputer
breh teh aya seratan Ki Adi
Hatur Nuhun, Ki.
Alhamdulillah
plong dada teh, geuningan tetela pun Aki/Eyang masihan nami ka
abdi teh sae pisan. Wioz, ah batur bade ngahartoskeun naon we oge da abdi mah
sanez istri nukituw
Wallahu'alam.
TETEP ZUMANGET!
ros
nunujubingah
Date: Sun, 5 Mar 2006 00:49:09 +0000 (GMT)
From: indung peuting <[EMAIL PROTECTED]>
Subject: Re:
Tuh geuning sae nami 'Siti Rohmah" teh .Ulah hariwang ceu Eros...!
sakaterang teteh sami sareng anu tos disanggeumkeun ku kang Adi, eta nami
anu awon duka tah ngawitan nana ti mana...?
Anu pasti mah upami wanoja indonesia di sebat Siti Rahmah, sadaya teu
aya anu protes, panginten eta teu awon.
ipeut
Pituin <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
*************************************
Haturan Baraya.
Asa kagero ieu mah, mangpang keur bubuara di sagara keusik.
Aceukkk... teu kedah janten emutan perkawis wasta teh, dapon nu janten
kokolot urang maparinkeun kakasih kitu teh, minangkana mah sabage
Pangdung'a, nya oge Harepan aranjeunana sangkan urang rahayu dina
lalampahan
di ieu buana panca tengah..... keun bae urang sanggakeun ka Gusti nu
Murbeng
Asma. Kapan Inyana mah maha uninga sumawonna maha welas tur asih mah.
.... sakateran kuring mah ari SITI teh hartosna PUTRI, pon kitu... dupi
RAHMAH mah nya sahartos sareng RAHMAT atanapi NYAAH/KANYAAH /PIKANYAAH
....
janten numutkeun hartos eta, nu disebat SITI RAHMAH teh nya eta PUTRI
nu
DIPIKANYAH/NYAAHAN/kagungan KANYAAH.
From: "kang Enduy" <[EMAIL PROTECTED]>
Subject: RE: Re: Arab, Ceuk Batur Kuring (siti rahmah sebatan kanggo
wts)
Ah sing tenang we teteh, da pamendak abdi mah kecap rohmah nya
pihartoseuna
teh, nyaeta "kanyaah" sanes? Tah pami Siti, punten yeuh, di Saudi mah
pihartoseuna teh ceunah nyaeta "nini", da aranjeuna pami nyalukan nini
na
teh ku kecap Siti, punten ah he he he.....
Send instant messages to your online friends http://uk.messenger.yahoo.com
[Non-text portions of this message have been removed]
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
Yahoo! Groups Links
<*> To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/
<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
http://docs.yahoo.com/info/terms/