aki mah murungkut panginten kang, reuwaseun mah...
mun enya ngarengkol, berarti enya eta teh titinggi oge,,,,

-----Original Message-----
From: [email protected] [mailto:[EMAIL PROTECTED]
Behalf Of Yuliadi
Sent: Tuesday, March 07, 2006 1:07 PM
To: '[email protected]'
Subject: RE: [Urang Sunda] titinggi


naha da/nu pun aki oge ari reuwaseun teh sok ngarengkol deui, moal enya
disebut jiga titinggi?

-----Original Message-----
From: Nia Sri Winiarsih [mailto:[EMAIL PROTECTED]
Sent: Tuesday, March 07, 2006 12:54 PM
To: [email protected]; [EMAIL PROTECTED]
Subject: RE: [Urang Sunda] titinggi


Titinggi teh, mun reuwaseun anu sok ngarengkol tea sanes?

Nia

-----Original Message-----
From: [email protected] [mailto:[EMAIL PROTECTED]
Behalf Of kumincir
Sent: Tuesday, March 07, 2006 12:13 PM
To: Kusnet; [EMAIL PROTECTED]
Subject: [Urang Sunda] titinggi


Titinggi (Kelas Diplopoda, saméméhna disebut Chilognatha) mangrupakeun
artropoda panjang nu awakna silindris sarta boga dua pasang suku dina
unggal ruas awakna (antara 20 jeung 100 ruas). Sato ieu kaasup
hérbivora, lambat, jeung teu peurahan; béda jeung dulur deukeutna,
lipan (Kelas Chilopoda), nu kaciri tina sukuna nu sapasang dina unggal
ruas/bukuna. Titinggi mah lolobana ngahakanan daun nu geus buruk jeung
sésa tutuwuhan paéh lianna. Méméh dihakan, titinggi nyékrésikeun
cairan pikeun ngabaseuhan kahakananana. Kelas artropoda ieu dianggap
mangrupa sato munggaran nu ngajajah daratan dina periode géologi
Silurian.

Kaahéngan utama sato ieu téh nyaéta jumlah sukuna, nepi ka dina basa
Indonésia mah disebutna gé kaki seribu (suku sarébu). Ogé dina basa
Inggris, ngaranna téh millipede, tina basa Latin milli ("rébuan")
jeung ped ("suku"). Jumlah suku titinggi sabenerna teu nepi ka sarébu,
rata-rata 40-200 pasang, najan aya ogé spésiés langka nu jumlah sukuna
nepi ka 375 pasang.

Kusabab sukuna loba tur parondok, titinggi mah ngarayapna kawilang
laun, tapi jago pisan dina hal ngaliang. Kusabab laun sahingga moal
bisa ngejat mun aya nu rék ngamangsa, cara béla dirina téh ku jalan
ngaréngkol jadi bentuk koil—sukuna nyumput di bagian jero, dikuriling
ku ruas awak nu haleuras. Aya ogé sababaraha spésiés nu nyékrésikeun
cairan peurah, atawa gas hidrogén sianida tina pori mikroskopis
sapanjang awakna. Cairan sékrésina aya nu ngandung asam nu bisa
ngaduruk éksoskeleton sireum jeung prédator serangga, sarta kulit
jeung panon prédator nu leuwih badag. Pikeun manusa mah cairan sékrési
ieu teu matak bahya, kudu waspada sotéh mun keuna kana panon atawa
kateureuy. Lemur ngamangpaatkeun cairan sékrési ieu pikeun nolak
serangga nu sok ganggu, sarta pikeun tujuan psikoaktip. Titinggi aya
ogé nu ampibi.

Rujukan
    * Blum & Woodring. 1962. Secretion of Benzaldehyde and Hydrogen
Cyanide by the Millipede Pachydesmus crassicutis. Science 138: 513.

Disalin ti "http://su.wikipedia.org/wiki/Titinggi";

Kategori: Sasatoan | Artropoda

--
sikandar
kumincir.multiply.com
www.urang-sunda.or.id
su.wikipedia.org


Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links



 




Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links



 





Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links



 





Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Kirim email ke