Mairan oge ahhh...kaleresan abdi dumuk di Arab. Leres kang Amin, maranehna (urang arab) tehh merdeka pisan jeung asa pang loba duit na (emang enya) lamun kukulamprengan di "sampay" atawa di tempat lain. Soalna maranehna moal bisa ngalakukeun sangeunah nadi nagara asalna. Lantaran hukum di dieu kawilang beurat di banding hukum di urang lamun knyahoan ngalakukeun teu bener (maaf : Zina / kumpul kebo), di urang mah bisa cukup ku 5 juta bebas, ceuk pari basana. Jeung deui lamun maranehna hayang Nikah, sanajan "Nikah Siri" di dieu (di nagarana), kudu ngaluarkeun duit anu teu saeutik ceuk ukuran abdi mah. Mendingan lumpat ka "sampay" cukup ku 10-20 juta = 400-800 Real oman, teu sabanding lamun manehkan kawin di dieu RO 3000-10000. kitu deui anu Bujang Kolot, kusabab maranehna teu kuat neangan duit mang rebu-rebu Real....yaaaa mendingan "MAEN/HEUREUY" jeung awewe urang atawa philipin. Tapi da kitu tea...teu sadaya urang Arab baredegong kawas kitu, aya oge anu bageur, mutawa atanapi anu taat ka agama. Punten abdi ngambil conto di Oman...kumargi abdi ayeuna nganjrek di dieu.
Kanggo kang Yudi : Leres pisan agama urang tehh pusatna ay adi Arab, tur Kangjeng Nabi oge di gedekeun di Arab, tapi kan ari kalakuan "goreng" urang Arab teu kedah di tiru ku urang, sanaos urang panatik ka nagara eta. Punten sanes cai mamatahan ngojay ka meri....ehh jadi pabaliut ieu tehh... Sakali deui punten..... Sok di lajengkeun deui ahh..... Baktos Yosep -----Original Message----- From: [email protected] [mailto:[EMAIL PROTECTED] On Behalf Of amin mina Sent: Tuesday, March 07, 2006 4:09 PM To: [email protected] Subject: Balasan: [Urang Sunda] Re: Heureuy (tadina:Arab ceuk batur kuring) Punten bade mairan sakedik...mani rame pisan ieu padungdengan teh...bah wili atanapi kang yudi...sami-sami keukeuh kana pamadeganana. aya koreksi sakedik ti postingan kang yudi anu nyebatkeun siti teh sebutan bangsawan di arab, ari sakaterang simkuringmah anu teu acan kantos ka arab "teu aya sesebutan model siti di arabmah. etamah mung saukur saukur kabiasaan urang melayu(khususna di indonesia jeung di malayasia) anu sok nganggo sesebutan eta pikeun istri (baca:awéwé). Simkuring oge lain satuju kana pamadegan abah anu nyakompét daunkeun yén urang arab teh"karitu" kabeh. pedah kaleresan simkuring dumuk di puncak sareng deui caket pisan ka wewengkon "sampay" emang leres didinya seueur urang arab (turis) anu kalakuanana teu pantes di tiru ku urang, marenehnateh ngarasa merdeka pisan meureun, soalna bisa kawin sangeunahna (da kuloba duit tea), abok-abokan, gunta-ganti aww di bayar teu dikawin alias kumpul kebo. tah kitu anu sakanyaho simkuring kang. Tah kitu kang. kasimpulan simkuringmah anu hadena urang turutan, tah anu gorengna ku urang di jauhan. mangga bah willy sareng kang yudi di teraskeun deui...hancana.. Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

