Asana teh mun teu lepat mah aya ugeran (=aturan) di milis teu kenging ngobrolkeun perkara "SARA" (suku, Agama,sareng Ras), anu teu puguh jujutanana. Atuh dina perkara basa, nya ieu pisan anu jadi "ujung tombak" komunikasi di milis teh. Ku kituna dina migunakeun basa, diperedih supaya ati-ati pisan
Ari ceuk kuring mah, surelek anu dipostingkeun ku Kang Yudi sawatara waktos kapengker, "memperkaya" padungdengan bahasan di milis ieu. argumen-argumenna anu didasaran ku data sareng fakta, nambih perspektif sareng pamikiran urang sadaya. Di lingkungan akademis mah nu jiga kieu teh, hiji hal anu biasa. Tapi di milis ieu, dimana para anggotana "heterogen" dina sagala hal (kasangtukang atikan, padamelan, asal daerah,kabiasaan, jsb), rada "hese" nyeragamkeun kasapukan. Sigana didieu salah sahiji mangpaat milis teh, nyaeta diajar pabentar (=bentrok) "pendapat", tapi tangtosna oge pabentar dina koridor sareng tatanan etika anut tos jadi kasapukan balarea. Ku kituna, sigana "peranan" kuncen penting pisan dina hal ieu, anu janten "wasit" sareng tiasa nangtoskeun naha hiji wacana teh tiasa dipadungdengkeun atanapi teu kedah diteraskeun. Siga dina profesi dokter, pan aya majelis etik, anu tiasa nangtoskeun, praktek hiji dokter teh ngalanggar etik atawa heunteu. baktos, mrachmatrawyani --- Yudi Irmawan <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > Kataji ku bageurna Kang Cecep dina kalimah: "...bari > na oge da di > lemburmah moal aya anu belikan, jalembar manah > sadayana oge..". Janten > emut yen budaya urang mah mayunkeun sabilulungan > sareng gogonjakan. > > Dina nyerat/ngengklokkan di milis ieu teu aya emutan > bade > ngajaheutkeun manah anggota no sanes komo deui bade > nyapirakeun > kamampuan tur pamadegan nu sanes. Padungdeng nu > 'heuras' teh estuning > heuras dina pamadegan wungkul, sanes bade > ngaheurasan jalmina. Dina > emutan abdi, padungdeng teh siga dua jalmi ngaboseh > kareta uncal dina > rel tea: hiji neken hiji ngajungjung, pami dua2na > neken atanapi salah > saurang neken bakal ngablaukarkeun moal maju2-na eta > kareta. Atanapi > ngadayung parahu mun sapalih tangtos ngening (basa > Kuningan-na muter > hehehe). > > Sanaos kitu, abdi teh kalebet enggal di milis ieu. > Tangtos dina milis > ieu oge aya ugeran sareng papagon nu disaluyukeun > sareng tujuan ieu > milis nu kedah dimumule ku anggotana. Ku kituna, > bilih seratan2 abdi > atanapi basa abdi teh henteu sapirig saigelan sareng > ugeran/papagon/tujuan ieu, nuhunkeun dihapunten. > Tapi supados > kapayunna henteu deja vu, atuh kedah dibriefing > heula abdina siga > kumaha kedahna... > > Pomi ulah dianggap pundung ieu teh, mung supados > jelas tur merenah > kanggo sadayana.. > > Baktos > Yudi __________________________________________________ Do You Yahoo!? Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around http://mail.yahoo.com Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

