Alus lagu teh, kang.

emod_morales wrote:

>Bewara ti kang Durahman
>
>di Lembur kuring keur ibur, euy. Aya tatangga arana, ah moal 
>disebutkeun, bisi aya urang ciledug-cirebon. Kabengbat ku mojang 
>sunda. 
>Sampe-sampe menterlantarkan anak jeung pamajikana. Geus lila cenah 
>tara 
>balik ka imah. Hees na diditu, di nu ngora. Duka teu nyaho kunaon, 
>nya. 
>Salembur teh jadi nyaho kabeh. Kuring oge nu sapopoena di jakarta 
>jadi 
>terang.
>
>Tah ieu aya lagu keur tatangga kang Durahman...!
>
>Pamajikan nu geulis, indung si Kucrit
>Pamajikan nu bageur, indung si Teueul
>Pamajikan nu rikat, menta balanja
>Pamajikan marahmay lamun abis bulan
>
>Pamajikan nu geulis, anak mitoha
>Pamajikan nu lucu, sok mang nyagukeun
>Pamajikan nu nya'ah, batur pasea
>Pamajikan nu embung..embung dipangnyandungkeun
>
>Duh….aduuh…..Enuung……..bojo Engkang nu satia..
>Tibatan nyandung pamajikan kajeun dua…
>Duh….aduuh…..Enuung……..bojo Engkang buah hate..
>Mun Enung kabur meureun Engkang tuang bubur…
>
>Pamajikan……….Pamajikan………….
>
>Pamajikan rek bageur mun Engkang bageur
>Pamajikan rek bela mun Engkang satia
>Pamajikan rek senang mun diajak balanja
>Pamajikan rek pundung mun Engkang salingkuh
>
>Pamajikan nu nya'ah batur pasea
>Pamajikan nu embung..embung dipangnyandungkeun
>Tibatan nyandung pamajikan kajeun dua
>Mun Enung kabur meureun Engkang main catur
>
>EMOD MORALES
>  
>


Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Kirim email ke