euleuh Teh Tien, abdi meni seurieus disengseurikeun euy... 
Pami Teh Tien tos kieu mah bade ka saha deui atuh abdi
nyalindung...hehehehe

Kumaha Teh, damang guligahna?

Baktos
Yudi

--- In [email protected], indung peuting <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> He he he, punten sanes nyengseurikein ieu mah, eta wae janten
sararius kieu...! Tos....ah.!!!, tong diteraskeun deui pangdungdengna,
gentos ku tema anu sanes anu tiasa manfaat kanggo urang sadaya.
Postingan Kang Yudi, kang Willy kalih kang Yosep  sadayana oge teu aya
anu awon. Sarae.
>    
>   ipeut
>   (resep oge ngabandungan ..he he he )
>    
>   
> 
> Yudi Irmawan <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>   Haturan Bah Willy sareng Kang Yosep sareng saha bae nu sami-sami nuju
> milarian kasaean. Punten sakedik pamungkas nu rada panjang da isuna
> geuning janten isu pribadi...
> 
> Sanes bade ngelok atanapi nangkis, tapi asa teu rumaos dina ati bade
> ngawitan padungdeng ieu ku prasangka. Dina surelek abdi nu pangpayunna
> (http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/message/95819) abdi mung
> naros bade dicandak kamana 'heureuy' urang Arab teh? Patarosan ieu
> didasaran ku seringna Bah Willy posting ngeunaan kaawonan urang Arab.
> Bawiraos abdi upami mung ngaheureuykeun wungkul mah teu guna pikeun
> urang. Katurug katutuh ngaheureuykeun hiji kagorengan dumasar etnik
> teh hiji hal nu sensitip (naon bae etnikna). Tapi, upami misalna ieu
> nyigeung Abah tur karaosna nyangka, abdi nyuhunkeun jembar pangapunten
> ti Bah Willy. 
> 
> Tapi kaawonan urang Arab nu sanesna kasabit2 (kawin kontrak, rentenir,
> tur 'panjang gede') ti anggota milis. Dua alesan ditembrakkeun nyaeta
> 'heureuy etnik' lantaran urang 'teu walakaya' tur geus 'biasa' di
> budaya mana wae. Abdi teu sapagodos margi alesan 'teu walakaya' henteu
> kacumponan. Dupi alesan tos biasa mah kirang kiat sabab perilaku 'tos
> biasa' teh caket sareng perilaku taklid atanapi 'tuturut munding'. 
> 
> Di surelek ieu
> (http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/message/96146) 'tuturut
> munding' teh teu cocok jeung sumanget bade nanajeurkeun elmu/pikir di
> luhureun dogma/taklid. Tina konteks sareng kalimah ieu, teu aya
> pisan-pisan bade nyebat Bah Willy tuturut munding. Tapi sakali deui,
> upami Bah Willy ngaraos dikitukeun, mugi-mugi teu kirang jembar manah
> ngahapunten abdi.
> 
> Sakedik nyabit perkawis panalungtikkan dina widang sastra/budaya oge 
> numutkeun abdi mah teu tiasa janten analogi pikeun sae/leres henteuna
> 'heureuy etnik' tea. Analogi ekstrim abdi mah kieu, ayana elmu
> kriminologi nu nalungtik imeut pola/motivasi/sabab kajahatan henteu
> nunjukkeun yen kriminologi teh diayakeun pikeun miara/ngalestarikeun
> kajahatan.
> 
> Kanggo Kang Yosep, 'heureuy etnik' teh rada 'diheurasan' ku abdi sabab
> aya konsep satukangeun heureuy etnik nyaeta tiasa nyandak ka
> nyamiratakeun kagorengan dumasar ku etnik. Aya conto nu kirang langkng
> sami: pikeun feminis, kecap 'chairman' (ketua) atanapi 'fireman'
> (pemadam kebakaran) teh dianggap nunjukkeun dominasi/diskriminasi
> lalaki ka istri. Ceuk manehna kunaon henteu 'firewoman' atanapi
> 'chairwoman'? Antukna ketua teh janten 'chairperson', pemadam
> kebakaran janten 'fireperson' nu langkung netral. Ari ceuk urang mah
> eta teh mung kecap sanes? Sapele, enteng, nu penting mah kasempetan
> pikeun istri/pameget teh sami, tapi henteu kitu geuningan da bahasa
> dianggap enteung tina pamikiran dipengkereunnana.
> 
> Kacindekkan abdi ti padungdeng ieu, abdi mah mung hoyong nembrakkeun 
> sisi sawang sanes ka 'heureuy etnik'. Komo deui urang (muslim) mah
> gaduh ugeran di jungjungan urang perkawis persamaan darajat, nyarios,
> malah perkawis heureuy oge aya. Ugeran2 ieu teh geuning kabuktos di
> zaman 'globalisasi', 'HAM', 'gender equality' jsb siga ayeuna. Henteu
> bade curum-caram, mung mugi2 urang rada ati-ati we dina 'heureuy
> etnik'; kokomoan di rohangan publik mah.
> 
> Sakitu pamendak abdi. Sakali deui hapunten ka Bah Willy sareng Kang
> Yosep upami aya lepat carios. Oge ka baraya sadaya nu bandwith sareng
> waktosna kaangge ku seratan2 abdi nu remeh siga kieu.
> 
> Cag..
> Baktos,
> Yudi    
> 
> 
> 
> --- In [email protected], "Waluya" <resoma@> wrote:
> >
> > Sabenerna mah kuring haroream ngawaler deui thread ieu teh, tapi
> kumargi kang Yudi nyebat kuring "tururut munding" sagala ( tuturut
> munding kasaha?), kapaksa ngawaler deui, "bela diri" tidituna mah. 
> Kang, upami akang kantos kuliah di Fakultas Sastra jeung Budaya atawa
> resep macaan buku nu aya hubunganana jeung kabiasaan hiji etnik, nu
> kararieu teh teu aneh, malah dipelajari. Sabab keur mempelajari hiji
> etnik, kudu terang heula kalakuanana. Tingali geura artikel "poyok
> Ungkal" dina situs majalah "Cupumanik". Perkara "poyok" ieu geus
> ngahasilkeun S1 jeung S2 sababaraha urang. Aos oge seratan "urang
> Subang Teureuh Panjalu", nu nyarioskeun anjeunna kantos kuliah di
> Sastra Arab dugi ka terang "etnografi Arab" sagala.
> > 
> > Di Barat, kuring terang aya undang-undang "hate crime", pangpangna
> di Inggris, Canada jeung Amerika. Sing saha wae ngahasut ku didasaekun
> ku etnis, agama, tiasa digerewel. Pidato nu ngahasut jelema sina
> nyerebu, ngabenci etnik lain, tah eta nu keuna "hate crime" mah (komo
> make sweeping sagala mah jiga diurang!). Tapi ieu mah heureuy, teu
> ngandung rasa benci sagala. Ngan saukur ngaheureuykeun urang Arab teh
> kagunganana "ageung" jeung "badag". (nu urang Indonesia oge
> harayangeun sabenerna mah buktina "Ma Erot" buka praktek dimana-mana
> ....). Kitu deui soal gede sahwat, kuring nulis kulantaran hayang
> nanyakeun ka baraya, sugan aya nu terang, leres henteu eta teh. Wani
> nulis eta teh, lain kunaon-naon, sabab kuring nyangka di millis teh
> jiga kumaha we nu ngobrol didarat jeung babaturan nu geus wanoh pisan. 
> > Maklum sabagean urang Kusnet, kuring wawuh lain di dunya maya wae,
> tapi papanggih di darat, jadi geus teu asa-asa. Kuring oge mere conto
> sinetron Bajay Bajuri,  sinetron pangpopulerna di Indonesia, naha eta
> sinetron teh ngalakukeun "hate crime"?. Cobi diemut sakali deui, Naha
> "ageung" jeung "badak" atawa "gede sahwat" , tiasa nyababkeun
> kabencian ka urang Arab? Geus aya urang Arab diusir/disweeping di
> Indonesia kulantaran "gede" jeung "badag"?.  Ah ulah kaleuleuwihi kang
> ....
> > 
> > Tapi upami tos gaduh prasangka titadina (katingali aya sigeungan
> kana tulisan kuring dina thread nu benten deui), naon nu ditulis ku
> kuring teh salah we. Dipasihan alesan nu asup akal oge, lepat.
> Dihumorkeun lepat ( nu heureuy ieu teh lain kuring wae, tapi aya
> sababaraha urang nu mostingkeun). 
> 
> Nya atos urang tutup we dugi kadieu, da tangtosna oge moal nyambung,
> lamun geus dimimitian ku prasangka mah.
> > 
> > Hapunten, lamun aya basa kurang merenah.
> > 
> > Baktos,
> > WALUYA
> 
> Hheheheh....muhun kang, sim kuring jadi bingung ieu tehhh...padahal mah
> tadi na heureuy, tapi jadi 1000 rius kieu ieu tehhh...heheheh
> 
> Sim kuring ge ngalungkeun balesan/postingan kamari, teu.. teu lain
> hayang ngagogorengkeun atawa ngaheureuykeun kana salah sahiji RAS
> (khususon Arab anu keur di padungdengkeun), tapi "postingan" sim kuring
> mah di dasarkeun kana " Fakta sareng Kanyataan" di dieu, da tadina aya
> nu nanya / panasaran ngeunaan " gede, panjang, sahawat" heheh, kitu ge
> pedah wae ayeuna nganjrek di dieu, jadi apal tur kanyahoan naon wae adat
> jeung kabiasaan urang dieu (Arab).
> 
> Tos ahh...bade beberes deui pail (file)..heheh
> Punten wae ka sadayana bilis aya anu kacawad ku cariosan sim
> kuring.....da ngan ukur Heureuy....
> Siga keur lebaran wae menta hampura...heheheheh (tah ieu ge kabiasaan
> goreng, da menta hampura mah henteu keur lebaran wae)...hehehh
> 
> Baktos,
> Yosep
> 
> 
> 
> 
> 
> 
> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
> 
> 
> 
> 
>   SPONSORED LINKS 
>         Corporate culture   Business culture of china  
Organizational culture     Organizational culture change  
Organizational culture assessment   Jewish culture 
>     
> ---------------------------------
>   YAHOO! GROUPS LINKS 
> 
>     
>     Visit your group "urangsunda" on the web.
>     
>     To unsubscribe from this group, send an email to:
>  [EMAIL PROTECTED]
>     
>     Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of
Service. 
> 
>     
> ---------------------------------
>   
> 
> 
> 
> Send instant messages to your online friends
http://uk.messenger.yahoo.com 
> 
> [Non-text portions of this message have been removed]
>






Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Kirim email ke