KEOM SAKEDAP, rubrik kusnet kang Syam Ridwan, moal lami deui baris jadi buku. tadi pendak jeung kang Rachmat Taufik hidayat, juragan kiblat buku utama (pamedal nu rada khusus medalkeun buku2 sunda), anjeuna nyarios ayeuna bade diedit pamungkas teras dilayout teras dicitak. Tak we!
buku KEOM SAKEDAP bade medal dua jilid. disajilidkeun mah kandel teuing cenah jeung bisi seuri atawa keom nu macana teu eureun-eureun. baraya KUSnet rada wajib meser buku ieu sangkan awet ngora sareng awet bahagia. haha. dupi the pangaos of the buku KS SR, ancer2 15-20 rebu cenah. duka dina dollar duka dina euro eta teh. tambih ongkos kirim. kanu bade pesen, wayahna ulah pesen hiji, nyaah ku ongkosh. pesen minimal sapuluh, kitu. bagikeun ka tatangga nu katingalina jamedud bae, alatan kirang bahagia. haha mj http://geocities.com/mangjamal Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

