nambihan kawih deui dina kaulinan urang lembur :

euleung euy euleung yu batur urang ka leuwi
----embung euy embung sieun badak nu kamari
euweuh euy euweuh geus di témbak ku si jendil
---dilong dilong si jendil di rawu kélong

Jaleuleuja tulak tuja éman gog
seureuh leuweung bay
jambé kolot bug
ucing katinggang song song ngék..

----- Original Message -----
From: Ganjar Kurnia <[EMAIL PROTECTED]>
To: <[email protected]>
Sent: Thursday, March 09, 2006 5:43 PM
Subject: Re: [Urang Sunda] Ngagondang


Naskah lengkepna urang paluruh deui. Ieu mah anu aya dina emutan, margi
kantos ngajajap tim unpad ka Kualasimpang Aceh tahun 82


  Dina naskah gondang anu eta diantawisna aya paguneman kieu:

  Saatos peraga........  tea

  Istri : Asa teu gugur teu angin
          Jeung asa kamalinaan
          Cunihin teh kaleuwihan
          Siga nu kurang ingetan
           Aya naon-aya naon
          Cing pek ngomongna nu bener


  Pameget  :
          Manawi peryogi halu
          Sae pisan kangge nutu

  Istri :
         Ngomong taya kapatutna sirah batu siga halu

  Pameget : Rumaos abdi mah hipu
                  Kagaduh ngan ukur halu

  Pameget kaluar panggung

  Istri ngahuleng bari ngahariring.

               Kuring mah jadi kaduhung
               geus nyarekan leuwih teui
               sok sieun raheut hatena
               ngaganggu kana jiwana

  Ditempas ku anu sanes

              Halu dipake gantina
              nurutan cara manehna
              urang pake tutunggulan
              ciri urang sauyunan

Istri teras tutunggulan

  Pameget : Tah kitu halu diurus tileuleutik geus gede mulang tarima
  Istri ngaleupaskeun halu

  Pameget : Is naha kitu teu kedah isin-isin - teraskeun-teraskeun da moal
nanaon.

  Pameget (teras kaluar)



Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Kirim email ke