KURING MAH NGADUKUNG PISAN RUU APP DISAHKEUN....!
   
  Salah kacida lamun LEO BATUBARA nyangka urang sunda bakal nolak RUU APP teh. 
Naon dasarna wani nyebut angka 41juta? naha pernah ngayakeun polling? 
penelitian? naha ukur asumsi wungkul lantaran aya salah sahiji kasenian 
Jaipong? Rarasaan mah can pernah ngadenge urang sunda ngayakeun unjuk rasa 
nolak RUU APP lain? Pan dinu RUU APP teh widang agama, budaya, tradisi, adat 
istiadat mah teu kaasup pelanggaran? 
   
  Kuring ngarasa heran naha ieu bangsa teh milik pers wungkul? para 
artis/selebritis wungkul? para model wungkul? para pemilik media masa wungkul? 
para pemilik klab peuting wungkul? (jumlah maranehanana sbrh jt?) na ari nu 
200juta leuwih teu dianggap hirup? teu boga hak pikeun nangtukeun kahirupan nu 
leuwih beradab jeung bermartabat? 
   
  Mun dibandingkeun hukum syariat islam jeung RUU APP rarasaan mah jauh 
mela-melu, euweuh satai kuku-kukuna acan. Jauh-jauh teuing teori konspirasi 
IM-HT timur tengah nya, padahal mah maranehanana nu berkonspirasi pikeun nolak 
RUU APP teh, nyaeta konspirasi Sekuler-HAM Barat-industri sex pikeun 
ngancurkeun akhlak bangsa indonesia. Taya hartina Indung+Bapa, para Guru, 
Ustadz+Ustadzah, Kyai+Alim Ulama ngajarkeun akhlakul karimah teh mun 
terus-terusan di cekokan tayangan, tulisan, jeung gambar-gambar porno mah. Rek 
jiga kumaha bangsa ieu 10-100 taun nu bakal datang? Ayeuna wae geus sakieu 
ancurna, komo mun teu dilindungi ku RUU APP meureun bangsa urang teh bakal jadi 
bangsa jahiliyah modern pang masyhurna sadunya....! rido teu..?
   
  Duh Gusti iIlahirobbi, saban waktu kuring teh teu weleh ngadu'a, teu weleh 
ngajampe pun anak ku jampe harupat;
   
  "Jampe-jampe harupat, geura gede geura lumpat
  Sing jauh tina maksiat anaking, ngarah salamet akherat.
  Jampe-jampe harupat, geura gede geura lumpat
  Susah-senang omat Sholat anaking, beunghar kade poho Zakat.
  Jampe-jampe harupat, pek dudunya satakerna
  lir ibarat hidep didunya, rek hirup saumur dunya.
    Jampe-jampe harupat, prak ibadah satakerna
  lir ibarat hidep didunya, rek maot engke sareupna.

  Ti Bapa ieu pepeling, ngarah hidep hirup salawasna eling
  Henteu beurang henteu peuting, hidep hirup soleh satungtung nyaring."
  
Para Bapa/Ibu anggota Dewan Pansus RUU APP, dina taktak aranjeun kuring nitip 
harepan supaya anak kuring engke jadi jalma nu hade akhlakna, kandel imana, 
welas asih ka sasamana, hormat ka saluhureun, nyaah ka sahandapeun. Kuring mah 
ngan saukur ngado'akeun mugia aranjeun sing dipaparin kamudahan jeung kakuatan 
ku Allah SWT supaya bisa ngesahkeun RUU APP jadi UU APP. Ulah unggut kalinduan, 
ulah gedag kaanginan, kuring salah sahiji urang sunda pasti ngadukung....!
   
  Baktos abdi,
   
  Jalmi bodo
   
   
   
  
Dudi Herlianto <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
  Assalamu'alaikum wr. wb.

sampurasun dulur, ieu aya tulisan nu nyabit-nyabit deui "urang SUNDA".. ceuk
Leo Batubara, salah saurang Ketua Dewan Pers, ceunah 41 juta urang SUNDA oge
bakal nolak RUU APP (mun ceuk si abah mah UU porosot nonghol).

hayang tes kasus di ieu babakan, naha ucapan "bapak" Leo teh bener, atawa
ukur opini manehna wungkul. da ayeuna mah ceunah jamanna ngagiring opini
publik ku ukur opini nu teu didadasaran ku data nu kuat.

sok jarawab:

*naha enya urang SUNDA Nolak RUU APP?*

maksad teh sangkan urang tong sok resep teuing ngageneralisasi naon wae,
tanpa didasaran ku metode generalisasi nu bener. sakanyaho sim kuirng mah nu
wenang ngageneralisasi ukur analisis kuantitatif wungkul! punten bisi salah.
pangmenerkeun

nyanggakeun.

bakti,

deha
---------------------------------------------------

---------- Forwarded message ----------
From: caklis 
Date: Mar 10, 2006 10:46 AM
Subject: [INSISTS] "Teori Konspirasi" Anti-Porno
To: [EMAIL PROTECTED]





                
---------------------------------
Yahoo! Mail
Bring photos to life! New PhotoMail  makes sharing a breeze. 

[Non-text portions of this message have been removed]






Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke