Namina perang opini kang MH ....hehehe. Nu ngadukung RUU pornografi, 
dina milarian dukungan, nganggo istilah pro pornografi jeung anti 
pornografi. Atuh puguh we, unggal jalma lamun ditaros soal ieu teh,  
pasti ngajawab anti pornografi, da embungeun ari kudu disebut pro 
pornografi mah. Contona aya pangurus ormas Islam nu ngusulkeun Bali 
jadi provinsi khusus pornografi, ngagiring opini yen nu teu satuju 
RUU APP, teh sarua jeung pro pornografi. Sigana Leo Batubara oge, 
kitu, nyieun kacindekan yen 41 juta urang Sunda ngadukung RUU APP, 
meureun sababna urang sunda anti pornografi. Padahal nu teu saratuju 
teh sanes pro pornografi tapi EUSI tina RUU APP eta sabab lamun 
disahkeun, heug eusina masih tetep kitu, bisa "ngajiret" saha wae, da 
pasal-pasalna bisa melar kaditu-kadieu.

Jadina teh, soal RUU APP, jadi masalah politik. Nembe bieu, maca dina 
detik.com, Gubernur Bali, katut DPRD jeung inohong2na bade disomasi 
cenah, margi gaduh niat misahkeun diri ti Indonesia. Dituduh 
separatis. Lamun masalah "porosot nonghol" ieu terus digede-gedekeun, 
jigana di urang bisa perang jeung dulur sabangsa, ku gara-
gara ..."porosot nonghol"!  

Baktos,

WALUYA

--- In [email protected], mh <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> Neruskeun artikel kiriman Kang Yudi, perkara artikel Gunawan 
Muhamad (GM). Nu katangkep ku kuring, artikel GM ngagiring opini isu 
RUUPP ka isu budaya Arab. Jigana perkara pakean nutup orat ngahaja 
dipisahkeun dina perkara ajaran agama, disaruakeun jeung budaya Arab. 
Mangga ieu aya artikel ti Koran Tempo, nu ngabahas artikel GM. (mh)






Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Kirim email ke