Waalaikumsalam Wr. Wb. Hatur nuhun pisan kang bambang kana perhatosanana sareng respona.
1. Kaanggotaan mah dina rencana mah saha wae kang, anu sayaratna reueus atanapi aya rasa miboga kana kasundaan. Leres pisan utamina mah ka urang sunda mung sanaos sanes urang sunda oge upami ngagaduhan cinta ka sunda mangga tiasa aub dina koperasi ieu. 2. Program2na mah ieu kumaha hasil tina rapat anggota kang, kaleresan ieu koperasi teh nembe bade aya, anu hartosna aya kahoyong ti wargi2 urang sunda anu hoyong sami2 ngamajengkeun dina widang paekonomian. Janten kumaha program diantawisna gumantung kana hasil kempelan dina ping 1 April 2006. Mung upami ningal kana jenis usahana, tina hasil kempelan anu salami ieu atos jalan rencana na nyaeta : dina widang IT, agribisnis + rumah makan (ieu jenis usahana nembe rarancang). 3. Patarosan ieu atos kawaler panginten nya kang dina waleran no 1. Mung langkung lengkepna wios kang Agus Pakusarakan nyalira anu ngawalerna salaku anu ngakoordinasikeun hal ieu. Sareng panginten supados langkung jelas mah langkung sae oge upami kang Bambang ngaluuhan dina waktosna engkin ping 1 April 2006. Tah kanggo samentawis upami bade daftar mangga akang ngeusian ieu formulir teras kintun wae ka saderek Kang Agus : [EMAIL PROTECTED] Kirang langkung sakitu panginten kang Bambang, upami aya anu kirang ngartos sumangga kantun naroskeun deui. Upami ningal kana alamat akang sapertosna urang teh caket nya, abdi di caket terminal Laladon kang, he...he. Hatur nuhun. On 3/13/06, [EMAIL PROTECTED] <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > Assalamu'alikum Wr. Wb. > > Punten ngiring tumaros kang, > > 1. Dupi ieu koperasi - keanggotaan koperasinya - mung terbatas > kanggo wargi tertentu atanapi terbuka kanggo umum utamina wargi sunda ? > 2. Naon wae program2na ? > 3. Upami terbuka untuk umum naon wae persyaratan kanggo janten > anggota-na ? > > Sakieu patarosan ti simkuring. Hatur nuhun. > > Wassalam, > > > > *Bambang S.* > Cibeureun Neglasari > Dramaga - Bogor > > > > > *From:* "Runa Inawan" <[EMAIL PROTECTED]> *Sender:* > [EMAIL PROTECTED] *Subject:* [kota-bogor] Uleman Kanggo Rapat > Koperasi (KAS) *Date:* Fri, 10 Mar 2006 19:24:51 +0700 *To:* > [email protected], [EMAIL PROTECTED] [image: Full > Headers]<http://mail1.plasa.com/Session/408925-wblRFYbgI2sg5gjdWsJo-kmbcuww/MessagePart/INBOX/14274-H.txt> > [image: Undecoded > Letter]<http://mail1.plasa.com/Session/408925-wblRFYbgI2sg5gjdWsJo-kmbcuww/MessagePart/INBOX/14274-P.txt> > Assalamu'alaikum > Wr. Wb. > > Kumaha daramang baraya sadayana ? Alhamdulillah upami daramang mah. Bade > seja masihan uleman kasadaya kadang wargi anu dimana wae ayana anu > ngagaduhan maksad kana widang paekonomian kusnet khususna nya urang sunda > dina umumna mah, sareng sami2 hoyong ngamajengkeun paekonomian urang > sunda. > Oge ieu lengkah mangrupikeun neraskeun hancaan anu katunda, mangga kanu > ngagaduhan waktos tur tiasa tumaninah diantos pisan kasumpinganana dina : > Dinten : Saptu > Ping : 01 April 2006 atawa ping 2 mulud 1427H > Tabuh : 09.30 WIB dugi ka lekasan > Tempat : > Saung simkuring di caket Terminal Laladon Darmaga, Bogor. Ti baranangsiang > naek 03 lungsur di terminal bubulak naek deui angkot 15 lungsur we di > T*erminal > Laladon* pilari Plang seratan "PACET BAG" > > acarana : > - Ngabahas unit bisnisna (proposal bisnisna dina widang warnet anu tos aya > drafna)/draf na tos sayogi. > - Ngabahas kumaha prak-prakan koperasi amanah sunda > salajengna. (ngangkat pangurus inti KAS) > - Ngabereskeun sagala rupi patarosan anu salami ieu aya dina BAKUS. > > CP : > runa inawan 0818109410 / 0251628157 (wengi nelepona nya) > Kang Agus Pakusarakan 08128377662 > Upami aya anu kirang ngartos mangga kantun naroskeun bae. > > Sakitu heula anu kapihatur, diantos pisan kasadayana anu minat kanggo > ngahadiran acara ieu. Hatur nuhun kana sadaya perhatosanana. > > Wassalamu'alaikum Wr. Wb. > > Baktos, > Runa Inawan > Bogor, 10 Maret 2006 > -- ::ri_1:: Hompage : http://inawan.blogspot.com http://inawan.blogs.friendster.com Mobile : +62-818-109410 www.urang-sunda.or.id www.su.wikipedia.org [email protected] [EMAIL PROTECTED] www.urangtasik.multiply.com [Non-text portions of this message have been removed] Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

