Tah..tah disebat-sebat Abah Hamin... kumaha cep Yayan kantos pendak....??
Taun pengker bade mendakan bah Hamin teh, mung teu kasiwer...
padahal eta Abah Hamin teh sok sering ngendong dibumina pun lanceuk di Pondok
Bitung.
ssw
Yayan Mulyana ::" [EMAIL PROTECTED]
aswrwb
Punten bilih can aya nu uninga
Mimitina aya kacapi teh kuayana Prabu Ciung Wanara ,putra Raja Galuh Prabu
Adimulya Permanadikusumah, nu disebat oge Prabu Suratama atawa Prabu
Jayaprakosa Mandaleswara Salakabuwana nu mimpin Karajaan Galuh taun 739-783 M.
Tah ari kacapi teh ceuk tukang ngarajah juru pantun beton nu namina Abah
Hamin teh, peuk geura urang ngaca pasti katingali Pipi,Cepil, pangambung, jeung
baham. Tah mimitina aya kacapi teh ari singketnamah basa Prabu ciung Wanara
kagungan hayam , teras weh sihayam teh di asupkeun kana kurung, tah sikurung
teh dijieunna tinu leuleub atanapi waru tea. Si waru teh ditalian teras si
hayam teh dilebeutkeun ka waru tea, pas waru na garing kadupak ku si hayam teh
soran treng-terng, ceuk Prabu Ciung Wanara teh naha alus sora na teras weh
dijieun opat senar/waru tea dinu peti teras weh dilagukeun. Tah opat waru teh
simbol dina "alif lam lam he aya tasjid mutakaliman wahid berbun mikalla mim ha
mim dal muhammad abu bakar umar usman ali syafei hanafi maliki hambali kidul
kulon kaler wetan seuneu angin cai bumi". Teras weg Prabu Ciung Wanara teh
nyieun deui tujuh senar panan aya poe nu tujuh tea, teras nyiptakeun deui
salapan senar margi angka mah aya salapan sabab nol teu dipake , teras deui
nyiptakeun dua welas sabab sataun aya dua belas bulan . Tah sabab di isalm mah
aya 17 rokaat robih deui kawitna ti 12 janten 17 rokaat. Teras deui ayeuna
janteun 20 ku sifat asma alloh tea .
"Seja mapagkeun diri, kuteteup anu geugeut ku raray hegar marahmay sangkan
diri miboga kaluhungan elmu kajembaran basa anu geus ngancik kiwari"
Wassalamwrwb
ym
http://serentaunsbr.multiply.com
www.geocities.com/kampungsunda
[Non-text portions of this message have been removed]
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
Yahoo! Groups Links
<*> To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/
<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
http://docs.yahoo.com/info/terms/