Wa'alaikum salam Wilujeng Teh Mia... mudah-mudahan ditempat damel anu enggal tiasa langkung raos, langkung merenah. Keun we teu tiasa ceting atanapi posting mah, nu penting mah salami ieu urang tos ngumpul ngariung, boh dibabakan boh di warung, sing janten tali silaturahmi anu tetep ngabeungkeut salamina.
urang tiasa tepang deui dina acara-acara sarupaning Kopdar, tangtos dibejaan. Wassalamu'alaikum Wr. Wb. -dul- tukang teuing In [email protected], Mia <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > Assalamu'alaikum...wilujeng sonten baraya. > Daramang? > Syukur upami damang mah. > > Abdi bade ngawartosan, ti dinten ieu abdi tos teu damel deui di Sudirman. > Malihan 2 sasih kamari ge jarang ka lembur atanapi ka warung, da beberes di > ktr. > > Janten ti dinten ieu abdi moal tiasa sering2 ka lembur/warung, ieu ge di > warnet ;-) > pangangguran euy! > > Nyuhunkeun di hapunten bilih abdi seueur kalepatan. > Oge nyuhunkeun du'ana, supados kenging padamelan nu langkung sae,amin. > > Tapi upami aya kopdar mah insya allah hoyong tetep dongkap. > Kang Ndoell, ulah hilap wartosan nya bilih aya kempelan, hatur nuhun. > > Padahal mah abdi teh teu acan lami mendak milis ieu teh, sae pisan kanggo > nambihan > elmu nu utamina basa sunda abdi nu kirang sae/kirang merenah. > > Pokona hatur nuhun ka sadayana..hiks...hiks. > > Permiossssssss > > Wassalamu'alaikum > Mia Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

