Kahatur sadaya baraya Kusnet,

Sinareng Hormat,

Kasanggakeun seratan dongeng Si Kumpay sareng Si Jaer

Baktosna

Andi
Di lembur pangumbaraan


Ngadodoho Jodo

Ceuk batur mah rupa uing teh goreng patut, uing seuri
da memangna enya pisan. Najan kitu ari ningali wanoja
nu amucuy mah sok ngadadak ngaruy. Pajarkeun teh
lahuta,teu nalipak maneh,hayang kanu geulis,kitu
meureun ting kecewisna batur basa uing kaperegok
ngiringkeun mojang mencrang urang Ciherang. Dasar
sirik ! Heueuh mun dipikir pikir mah boro boro batur
dalah uing ge ngarasa heran,naha neng Kania anu sakitu
amucuyna bet daekeun ka uing ?

"Wah nya meureun matak daekeun ge da dipelet !"
kadenge batur sing kecewis deui. Daek meduuu ! uing
ngagugudug nyeuneu. Rasa kaheran anu sok nyangkoyot
dina hate ahirna kanyahoan, sihoreng matak daekeun ge
geuning neng Kania teh pangacakan batur. Hmmhh...
dasar nasib,rajeun meunang sikumpay ari pek teh
geuning geus endogan.

Lain raja tega tapi kapaksa,
gelenceng tali pancingan anu kungsi nyangreud dihate
neng Kania dipegatkeun, koleab koleab sikumpay
nyoloyong kahilirkeun. Rob loba nu muru. Dina jero
hate ngan ukur bisa ngagerentes

"Pek tah saha nu hayang kabalejog deui !"

Tujuh poe tiharita clom tali pancingan di epankeun
deui,giriwil aya nu nyanggut,kulap kelep dulak delek
beuki lila beuki sidik sugan teh si Laohan impor ari
pek teh geuning nu nyanggut teh ngan ukur si jaer
hideung.

Pamikir teh lumayan hideung hideung ge da
geuning hideung santen,kaparengan palebah rupana mah
nurubcupu jeung uing....uing belewuk...neng Surti
sijaer tea cakeutreuk..serasi lah..! Tapi edas...sugan
teh epana cukup ku jenil baso,cilok atawa es teler, da
geuning lamun ngajak jajan matak rangkebong eusi
dompet. Lamun geus kitu sok langsung we ngahaleuang
lagu "Balikin" anu sok dihariringkeun ku para slankers
"Mencintai kamu...bikin dompet gue
kebobolan...balikin... oh... oh balikin !"

Tilu poe hahadean jeung manehna awak geus ngorotan
tilu kilo, begang lantaran mikiran pangabutuhna.
Tibatan awak jadi begang,hutang raweuy, luluasan
jemprung,tali pancingan anu nyangreud di biwir si Jaer
hideung dipegatkeun deui.

Koleab koleab si jaer matre ngoleab nuju kahilirkeun.
Dina jero hate ngagerentes deui "Pek tah saha nu daek
mulung!"

Nepi ka ayeuna tali pancingan can wani
ditaheunkeun deui,sieun keneh,ginggiapeun keneh,sieun
deui manggih sikumpay endogan atawa bisi meunang
deui si jaer matre. Keun urang dodoho wae didieu,
diluhureun golodog, sugan wae aya Siti Nurhaliza
ngalanggkung atawa Bella Saphira ngaliwat.

Da ceuk nini ge cenah jodo mah jorok, euweuh aturan
yen nu geulis kudu jeung nu kasep,atawa nu goreng
jeung nu goreng deui, ari geus jodona mah bisa wae
uing ge meunangkeun nu geulis. Lamun seug Siti
Nurhaliza kaparengan ngaliwat kadieu heug dulak delek
ka uing terus maksa menta dicangcang ku uing atawa
Bella Saphira kukulamprengan kadieu heug kulap kelep
terus maksa menta dikawin ku uing, pasti batur teh
gujrud bari sing kecewis deui

"Ngalamun teh tong kamalinaan teuing euy..bisi ngebul
tah sirah !"(SR)








Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Kirim email ke