Punten ngiring mairan sakedik. Tapi sanes mairan kana substansi eusi padungdengan, da puguh teu apal, naon eusi padungdengan seminar para jendral teh. Ieu mah biasa we, perkara basa Sunda.
Nitenan serelek Kang Oman, asa sering migunakeun istilah "miresep". Tadina mah teu rek openan, tapi eta istilah teh asa sering mucunghul dina serelek Kang Oman. Aya patarosan sakedik, "ari kecap "miresep" teh papadanan tina kecap naon?" Contona, dina ieu kalimah; KO: Eta wae, waktu si kuring nyabit-nyabit "Amanah Galunggung" teh aya anu molohok siga anu karek harita miresep eta naskah kuno (padahal diantara eusi ieu naskah kuno teh jadi bahan makalah pajeumuhan ti panitia). (mh) --- oman abdurahman <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > Di sagigireun ti eta, tina riungan gumplukan leutik > ba'da rehat, samemeh pleno (da kuring oge teu nepi ka > sidang pleno ngaluuhan teh), tetela kapanggih yen teu > sakabeh prajurit apal kana sajara Sunda (garis > badagna wae teu nepi ka ringkelan anu laleutikna > oge). Eta wae, waktu si kuring nyabit-nyabit "Amanah > Galunggung" teh aya anu molohok siga anu karek > harita miresep eta naskah kuno (padahal diantara > eusi ieu naskah kuno teh jadi bahan makalah > pajeumuhan ti panitia). Geus lir ari anu "sinis" kana > sajarah Sunda mah, teu kudu diberebetkeun di dieu, > bisi pada nyarekan. ===== Situs: http://www.urang-sunda.or.id/ [Pupuh17, Wawacan, Roesdi Misnem, Al-Quran, Koropak] __________________________________________________ Do You Yahoo!? Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around http://mail.yahoo.com Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

