Ah Doel Sumbang mah lepat. Nya "terhormat" keneh koruptor atuh. 
Tingali we dina TV, dina acara "live" ngudag-ngudag ungkluk ku 
petugas tamtib. Nu beunang diabringkeun dilebetkeun kana treuk jiga 
domba, disorot ku TV. Aya nu tenang-tenang wae, aya oge nu 
ngahalangan beungeutna ku koran. Aya oge nu lumpat make pakean 
saayana, nyumput dinu bala. DIsorot ku TV, kaciri keur cingogo, ngan 
pakean kaluhurna, kahandapna kamana-mendi, beungeutna pias. Aya nu 
ngajleng kanu walungan, lapur teu kapuluk deui, da walunganana keur 
banjir. Pokona mah kuring mah "resep" nonton acara "penertiban moral" 
teh. Rame ...seru ....serem....

Koruptor dibawa kapangadilan, make dasi, diiringkeun ku pokrol  
kasohor. wartawan pahibut pasedek-sedek, hayang ngawawancara, lampu 
kamera ting baranyay. Pokrol nerangkeun pinuh ku percaya diri. Geus 
asup ka panjara, nyumbang artos keur ngabenerkeun panjara, nyieun 
lapang tenis, lapang bola, nambahan alat-alat keur Napi nu diajar 
keterampilan. Sang Koruptor jadi warga "terhormat" di panjara, da 
sadayana ge nurut ti kepala panjara, sipir tepi ka napi panggalakna. 
Geus kaluar ti panjara.....duit pan loba keneh, hirup bisa 
dilajengkeun deui. Dua-tilu taun oge jelema parohoeun deui, komo 
lamun loba amal saleh mah ...... dijamin jadi warga "terhormat" deui.

Tapi ungkluk? ku masyarakat manehna tetep dianggap kasta "paria", 
sanajan manehna geus insaf oge ........

WALUYA   

--- In [email protected], Aj Kusnet <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> "Ublag leuwih terhormat tibatan tukang Koropsi", ceuk Kang Emod 
nyutat Kang Doel Sumbang.
>   







Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Kirim email ke