Nasib urang CIREBON, ku urang Sunda disebut Sunda kasar, ku urang Jawa disebut Jawa kasar, karunya nya urang CIREBON...! Ceuk beja harita pernah aya riungan atawa konfrensi anu ngabahas undak unduk basa, tah anu teu satuju teh BANTEN jeung CIREBON..!
durahman <[EMAIL PROTECTED]> menulis: Kang Agus. Ceuk urang nu ngarasa basa sundana lemes, cenah basa sunda di cirebon teh KASAR. Tapi basa kuring kadatangan semah ti desa cikakak, kab. brebes, jawa tengah kuring ngarasa kaget basa ngobrol jeung manehna, nu kabeneran masih pun uwa. Kieu obrolana teh; uwa; "Nyaneh di gawe di jakarta, heuh?" kuring; "Muhun, wak." uwa; "Hm...Sarua, atuh. Anak uwa oge ANU BIKANG di gawena teh dijakarta". Uwa kuring nyebut ka anak awewe, BIKANG. Da di prianganmah etateh sebutan jang anak sato nu jenis kelamina awewe, lin?. Agus K "PAKUSARAKAN" wrote: >hehe mun kitu kang dur sok inget aya obrola di lembur kuring di cilegong mah >kieu > >uloh : jang rek kamana maneh? >dayat : rek morok bagong, maneh arek milu moal >uloh : hoream aing mah arek ka lebak >dayat : ahh kang uloh mah teu gableg kahayang siah, rame hayu morok bagong > >tah kitu loloba di lembur kuring mah >mun aya nu lemes eta lamun ngobrolna ka ka kuwu, atawa mun aya semah ti kota >atawa mun ka ajeungan > >On 3/13/06, Aj Kusnet <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > >>Ceuk cenah mah, pangpangna aya basa lemes teh saestuna ku sabab >>aya karajaan atawa eta wewengkon teh deukeut kana puseur karajaan >>atawa kakeunaan ku 'hegemoni' karajaan... Di tempat lianna mah estu >>ngan budaya 'egaliter' nu aya... Duka tah, da éta mah cekeng oge >>cenah... Can pareng nalungtik, lah... >> >> Ari 'saestuna' naon? Ceuk R.C. Jamar Media tea mah (aya keneh henteu nya >>eta sandiwara tunggal teh?) kieu: >> >> saestuna saestuna >> nu hess tembong huntuna >> >> >> Punten ah, >> AJ >> >>durahman <[EMAIL PROTECTED]> wrote: heu..heu...hayang seuri >>heula. >> >> Sareua kang emod. Di ciledug, di imah kuring. Eweuh undak usuk basa, da. >> Basa sunda nya basa sunda wae hiji. Euweuh basa lemes, sedeng, kasar. >> Rek ngomong jeung kolot, budak, babaturan sarua bae eta-eta keneh >> kalimat nu dipake. Conto yeuh dialog kuring jeung abah kuring; >> >> abah; "Geus madang encan, man? Tuh masih ngayah kejo." >> maman; "Encan. Dengeuna aya naon bae bah? Aya celem kangkung henteu?" >> abah; "Kop bae kadia saaya-aya. Tuh gereng dage oge aya." >> >> Aya ketang nu make basa sunda+undak-usuk basa. Nyaeta dikalangan MENAK >> alias PRIYAYI (guru sakola, pegawe kehutanan, pagawe negeri nu sejena. >> Tapi....henteu sepenuhna bener oge ketang. Maranehnamah ayeuna geus make >> BAHASA INDONESIA di imahna). >> >> >> > -----Original Message----- >> > From: [email protected] [mailto:[EMAIL PROTECTED] >> > Sent: Wednesday, March 01, 2006 1:31 PM >> > To: [email protected] >> > Subject: Balasan: Re: Balasan: Re: [Urang Sunda] Sunda Kulon & Sunda >> > Wetan ->Kang Emod >> > >> > Atuh karunya urang Sunda pasisian ( di luar Priangan ) anu masih keneh >> > nyekel bahasa karuhunna kaasup jalma anu teu saropan, jeung teu taqwa >> > deuih. >> > >> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id SPONSORED LINKS Corporate culture Business culture of china Organizational culture Organizational culture change Organizational culture assessment Jewish culture --------------------------------- YAHOO! GROUPS LINKS Visit your group "urangsunda" on the web. To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service. --------------------------------- --------------------------------- Apakah Anda Yahoo!? Kunjungi halaman depan Yahoo! Indonesia yang baru! [Non-text portions of this message have been removed] Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

