"Dawala kadieueuuuu...!"(beungeutna rada dangah kaluhur)
"Aya naon,a'epot?"(bujur sidawala kudalang dikodok, terus ditancebkeun kana 
bagedor, mando dihareupeun sicepot)
"Bejana keur gujrud masalah APP euy?"
"Naha kudu dimasalahkeun deui, pajar atuh geus haratis, teu kudu mayar APP 
sagala!"
"SPP eta mah dodol..!"
"Ari APP naon kitu?"
"APP teh Anti Pornografi jeung Pornoaksi anu keur digodog ngan can muyutuk, da 
kaburu gujrud!"
"Baruk kutan kitu nya!"
"Tah nurutkeun ente kuayana RUU APP teh kumaha? Naha satuju atawa henteu?"
"Ke heula, samemeh neruskeun obrolan, dewek nek nanya,nek dibawa kamana obrolan 
urang ieu?"
"Beu etah, ulah nanya kadewek masalah eta mah, tah tanyakeun we kadalang!" ( 
bari ngadegungkeun sirah dalang ku leungeunna anu teu weleh meureup)
"Alus atuh mun kitu mah, ngaguar masalah APP mah nya kudu make jurus AWW !"
"Nya heueuh pan kuayana APP teh teu leupas tina tingkah polah sabagean AWW anu 
pikasebeleun kadang pikaheroyeun!"
"Heueuh tapi maksud dewek mah lain kadinya, ngabahas APP kujalan AWW  hartina 
Aksi Wudal Wadul alias ngacapruk cap wadul tea!"
"Naha ari ilaing geus nyaho kitu eusi sakadang RUU teh, Dawala?"
"Kamari dibejaan ku dalang euy, ari dalang cenah ti Kusnet heu heu !"
"Tah ari kitu mah meureun geus kaharti eusina, kumaha pamadegan ente mun RUU 
eta diundangkeun?"
"Puguh dewek ge sok leng mikir, naha dalang mun keur kudak kodok kana bujur 
urang, eta kaasup pornoaksi henteu nya?"
"Heu heu...tobaaaattttt....beu nepi kalebah dinya pamikiran teh Dawala...tapi 
enya ketah mangkaning keur kudak kodok kana bujur dewek mah sok ngahaja 
dililakeun tur nyaliara kahareupeun bujur, mangkaning heu heu...teu kaop keur 
gede bulan nu dewek mah sok ngagedean!"
"Puguh dewek ge sok hariwang, mun silaing keur  diigelkeun ku dalang, heug make 
jurus belekok, anu bujurna diblaktuk blaktuk nuturkeun wirahma kendang, meureun 
langsung we dijiwir ku tramtib jeung dalang dalangna!"
"Heu heu...tobaaattttttt...dewek ge sok mikir pan di tumaritis teh loba keneh 
wanoja anu sok mandi ditampian, kumaha mun keur ngusey mandi bari disamping 
jangkung langsung dikedewek ku tramtib!"
"Beu...beu..nengetan ucapan a'epot tadi geuning siga nu nolak kana RUU APP teh?"
"Tong sangeunah ari ngomong teh, Dawala ! Puguh dewek teh ngadukung pisan!"
"Jadi?"
"Yeuh mun  RUU eta jadi, dewek nek ngalamar jadi  tramtib deuleu, pan ngeunah 
digajih ari gawena ngan ukur pulang pelong kana lekbong, sasad susud kanu 
munu'u, rarat reret kanu nyelepet, heu heu tobaaatttttt!"
"Heu heu...ngan kahade mun geus jadi patugas tramtib ulah salah tangkep!"
"Moal atuh, paling oge salah tangkeup, heu heu......tobaaatttttt!"
"Tong loba kahayang jadi wayang mah euy pot, kuma dalang we, keun atuh urusan 
tungkap tangkeup mah bagean dalang!" ( dalang motong obrolan sicepot jeung 
dawala bari nejehkeun sukuna kana kecrek, jrek nong, sulusup sicepot jeung 
sidewala laluncat kana kotak, tutup lawang sigotaka) SR


[Non-text portions of this message have been removed]



Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Kirim email ke