Hehehe Mang Willy....

Abdi mah hoyong gumujeung ku salah sawios seratan Emang dihandap...nyaeta 
majarkeun teh Putri Harisbaya 'diculik' ku jajaja gandang urang Sumedang 
nu katelah Pangeran Geusan Ulung. Heuheuheu...edas jaman baheula oge 
geuning tos aya...muhun 'rumput tetangga lebih hijau' tea...urang Sumedang 
deui...(upsss punten ah heureuy bongan we Mang Willy ngamimitian...)
Eta Abdi mah janten panasaran...kumaha sikapna Sultan Cirebon 
salajeungna...boa-boa ngajorag ka karajaan Sumedang....jika Sri Rama we 
ngajorag Ayodya dumeh Dewi Shinta-na dipaling ku Rahwana.

Cag ah...



Ono Taryono
 



"waluya56" <[EMAIL PROTECTED]> 
Sent by: [email protected]
03/14/2006 09:35 AM
Please respond to
[email protected]


To
[email protected]
cc

Subject
[Urang Sunda] "Pangeran Kornel" di Sumenep






Madura jeung Surabaya, ceuk buku sajarah karangan Graf, baheula keur 
jaman Mataram Sultan Agung, embung taluk, serah sumerah ka Sultan 
Agung. Sultan Agung terus ngirim bala tantara keur numpes nu barontak 
ieu. Tantara nu dikirim ku Sultan Agung teh asalna ti "divisi" 
Sumedang. Dipingpin ku Pangeran Rangga Gede, Madura jeung Surabaya 
bisa ditaklukeun. Pangeran Rangga Gede teh putrana Pangeran Geusan 
Ulun, raja Sumedang ti istrina nu namina Harisbaya. Asal-usul 
Harisbaya, aya sababaraha versi. Aya nu nyebatkeun yen anjeunna teh 
Putri ti Mataram sareng aya oge nu nyebatkeun yen anjeunna teh Putri 
ti Madura. Harisbaya saleresna "hadiah" ti Mataram kanggo Sultan 
Cirebon. Tapi nyaeta, dasar jaman baheula, Putri Harisbaya teh bet 
kasengsem ku Geusan Ulun, nu keur "masantren" di Cirebon. Harisbaya 
diculik dicandak ka Sumedang. Gara-gara istri, hubungan Cirebon jeung 
Sumedang kungsi pagetreng.



[Non-text portions of this message have been removed]



Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke