Teh Ipeut mah "cinta" Bandung, sanajan tos 20 taun langkung jadi Urang Surabaya ge....hehehehe. Eta we mani giak pisan, ngadangu tiket pesawat Surabaya-Bandung ngan 300 rewu. Cios Teh ka Bandung? bade balanja? ke upami ka Bandung telepon abdi, sugan pun bojo nuju salse, sina nganteur-nganteur ....
Baktos, WALUYA --- In [email protected], indung peuting <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > Kang Aa, bandung teh tetep wae lembur anu di pikasono, sanajan ramijud........malihan upami gaduh artos hoyong gaduh bumi di bandung, keur paranti niiskeun pikir. > Nu katingal ayeuan mah seueur tempat-tempat icalan sarupaning acuk, sapatu sareng anu sanesna kanggo barudak ABG mah, rareuseupeun pisan. > Tapi aya beja oge cenah acuk-acuk sapertos jin, kaos mirah pisan duka dimana tah tempatna...? Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

