Leres pisan ....!!
  Saleresna dina elmu padalangan, anu seueur nganggo basa "sanes basa Sunda" 
nya eta dina
  Kakawen anu sok dihaleuangkeun (dilagukeun) ku ki dalang, manawi teu lepat, 
sim abdi kantos maca
  dina buku elmu padalangan karangan mama Partasuwanda (dalang beken ti Bandung 
taun 1950/1960an).
  Ceuk pedaran dina eta buku, "kakawen" teh tina kecap "ka-Kawi-an", meureun 
asalna tina basa Kawi. 
  Kakawen biasa sok dihaleuangkeun ku dalang dina awal bubuka/panutup acara 
wayang, oge dihaleuangkeun
  dina sela-sela adegan (episode), malih samemeh hiji inohong/tokoh pawayangan 
kaluar, sok dipiheulaan ku kakawen.
  Margi (masih ceuk eta buku) tiap hiji inohong/tokoh dina pawayangan, 
ngagaduhan hiji kakawen khusus kanggo eta inohong/tokoh.
  Aya oge inohong/tokoh pawayangan anu sakali-kali sok nyarita ku basa kawi 
salah sawiosna, Bima (Werkudara),
  Gatotkaca (Purabaya) sareng sababaraha inohong/tokong wayang sanesna.
   
  Pihatur
  ssw
   
  MRachmat Rawyani [EMAIL PROTECTED]
  Kedah ati-ati dina ngalarapkeun kecap "loba nu make
bahasa Jawa". Loba di dieu teh bandinganana naon? Naha
dina sakabeh carita wayang, ti mimiti bubuka nepi ka
anggeus carita wayang, atawa  maksudna teh kecap
bubuka waktu dalang mimiti muka carita?
Lamun ngan aya sakecap atawa sababaraha kalimat mah,
atuh teu tiasa digeneralisir "loba".

baktos,

mrachamtrawyani





[Non-text portions of this message have been removed]



Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Kirim email ke