Assalamu'alaikum Wr. Wb. Kumaha daramang baraya sadayana ? Alhamdulillah upami daramang mah. Bade seja masihan uleman kasadaya kadang wargi anu dimana wae ayana anu ngagaduhan maksad kana widang paekonomian kusnet khususna nya urang sunda dina umumna mah, sareng sami2 hoyong ngamajengkeun paekonomian urang sunda. Oge ieu lengkah mangrupikeun neraskeun hancaan anu katunda, mangga kanu ngagaduhan waktos tur tiasa tumaninah diantos pisan kasumpinganana dina : Dinten : Saptu Ping : 01 April 2006 atawa ping 2 mulud 1427H Tabuh : 09.30 WIB dugi ka lekasan Tempat : Saung simkuring di caket Terminal Laladon Darmaga, Bogor. Ti baranangsiang naek 03 lungsur di terminal bubulak naek deui angkot 15 lungsur we di Terminal Laladon pilari Plang seratan "PACET BAG"
acarana : - Ngabahas unit bisnisna (proposal bisnisna dina widang warnet anu tos aya drafna)/draf na tos sayogi. - Ngabahas kumaha prak-prakan koperasi amanah sunda salajengna. (ngangkat pangurus inti KAS) - Ngabereskeun sagala rupi patarosan anu salami ieu aya dina BAKUS. CP : runa inawan 0818109410 / 0251628157 (wengi nelepona nya) Kang Agus Pakusarakan 08128377662 Upami aya anu kirang ngartos mangga kantun naroskeun bae. Sakitu heula anu kapihatur, diantos pisan kasadayana anu minat kanggo ngahadiran acara ieu. Hatur nuhun kana sadaya perhatosanana. Wassalamu'alaikum Wr. Wb. Baktos, Runa Inawan Bogor, 10 Maret 2006 On 3/16/06, hadi darajat <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > insya alloh upami teu aya pamengan sareng acara acara, > abdi ngiring kang, > mung dimana kang....? punten teu ka aos tempat sareng > waktosna. > > > haturhuhun > > > [Non-text portions of this message have been removed] Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

