Hatur nuhun Bah Willy dongeng sajarah Pangeran Kornel tos rada enyay2an na 
emutan abdi. Pun Aki waktos aya keneh sok nyebat2 yen Mbah Jaya Perkosa teh 
gagah sakti mandraguna. Mung nya kitu tea we abdi teh rada teu “ngeh” ngan sok 
ngagerentes jero hate,”Naon si Aki teh…meuni mindeng teuing nyebut2 Mbah Jaya 
Perkosa??!! Ih, ngarana ge meuni “Perkosa” deuih… Naon ahengna??!! Ada apa 
dengan Mbah Jaya Perkosa?”…Ari pek teh Mbah Jaya Perkosa sanes jalmi samanea…
  Aya dongeng sakedik…
Abdi resep pisan kanu pepelakan, nalika boboran taun 2004 abdi sakulawargi 
wangsul ka Wado nyekar sakantenan silaturahmi. Di daerah Cicapar Situraja 
sateuacana pom bensin rada palih ditueun Dayeuh Luhur pami arah ka Wado, seueur 
pisan kembang bakung nu nuju meujeuhna kembangan. Kelirna oranye ngagradasi 
sareng bodas, aya oge nu kayas tapi mung sakedik, clo diditu clo didieu 
gugumplukan. Ningali kekembangan nu sakitu saena, jorojoy hoyong ngalihkeun 
kekembangan eta ka Bandung. Kaimpleng na emutan, pami dipelak dibeberes, tiasa 
siga kembang Tulip di Nagri Kolecer, Walanda…heheh.
  Sawangsulana ti Wado, abdi sakulawargi liren heula “ngarabutan” kembang 
bakung, Alhamdulillah kenging seueur, bari isin2 ge kunu ngalalangkung da 
meus-meus ningalikeun. Dugi ka Bandung, dipelakeun di payuneun bumi, tapi 
anehna dugi ka ayeuna hirup mah hirup kembang teh, subur malah daunna…. mung 
teu aya kembangan. Padahal kembang eta dipelakeun nuju kembangan keneh. Saur 
pun biang mah, eta teh kembang “kajajaden” kagungan Mbah Jaya Perkosa, 
panginten teu ridoeun, bendu kembangna dialihkeun ka Bandung. Naha make bendu 
da kieu-kieu ge abdi teh pituin Urang Sumedang?...Waduh, pami leres teh 
kasaktenan Mbah Jaya Perkosa masih keneh terap dugi kaayeuna, sareng sanes 
Hanjuang wungkul atuh pepelakan nu Mbah teh nya???!!…. Pertarosan kanggo urang 
Sumedang atanapi nu terang sejarahna leres kitu kembang bakung nu aya di 
wewengkon eta teh kembang kajajaden?
   
  Message: 6         
   Date: Wed, 15 Mar 2006 05:35:46 -0000
   From: "waluya56" <[EMAIL PROTECTED]>
Subject: Re: "Pangeran Kornel" di Sumenep
  Kang Ono, ceuk versi urang Sumedang mah, Cirebon teh nyerang ka 
Sumedang. Di Sumedang harita teh aya opat urang "senapati" nu asalna 
ti Pakuan Pajajaran. Kumargi Pajajaran runtag, para "senapati" ieu 
teh ngawula ka Karajaan Sumedang Larang nu dianggap "penerus" ti 
Pajajaran. Para Senapati teh Embah Jaya Perkasa, Embah Teropng peot 
jeung nu dua deui mah poho deui ....hehehehe
  Diantara nu paling jugalana, namina teh Embah Jaya Perkosa. Waktos 
anjeunna ngadangu Cirebon nyerang ka Sumedang, gara-gara Putri 
Haribaya dibawa ku Pangeran Geusan Ulun. Anjeunna tatan-tatan, 
ngumpulkeun wadia-balad, keur nahan serbuan urang Cirebon. Anjeunna 
rek mapag pasukan ti Cirebon teh di daerah Nyalindung ayeuna. Tapi 
samemeh angkat, Embah Jaya perkosa teh, nancebkeun tangkal Hanjuang 
di Sisi Cipeles ( Hanjuangna masih aya tepi ka ayeuna), jeung titip 
pesen ka "embah" 2 anu tiluan. Lamun tangkal hanjuang ieu, layu atawa 
paeh, hartina EMbah Jaya perkosa teh perlaya, bobor karahayuan, 
sareng bawa ngungsi Pangeran Geusan Ulun kaluar ti Kutamaya Sumedang. 
Tapi upama Hanjuang ieu teu nanaon, hartosna Embah Jaya perkosa 
salamet.
  Bring pasukan ti Sumedang mapag pasukan Cirebon. Ku hebatna Embah 
Jaya Perkasa, pasukan Cirebon teh eleh, jaradi tawanan. Bakating ku 
loba, tawanan nu ti Cirebon tepi ka ngeungkeuy diabringkeun ka arah 
Sumedang. Di daerah Nyalindung, cenah mah di Kampung Panenjoan, mata-
mata Sumedang, kaget ku ningali ngeungkeuyna pasukan Cirebon. Reuwas, 
da nyangka, pasukan Sumedang anu eleh. Mata-mata ieu langsung ngabret 
ka Sumedang, lapor yen pasukan Cirebon kaciri ngeungkeuy rek nyerebu 
ka Sumedang. Nu di Sumedang, panik, poho kana pesenna Embah Jaya 
Perkosa, ngungsi ka tempat nu ayeuna katelahna Dayeuh Luhur.
  EMbah Jaya Perkosa, sasumpingna ka Sumedang, kacida hanjeluna, asa 
gawe teu kapake, padahal anjeunna geus pesen soal hanjuang tea. Teras 
nyusul ka Dayeuh luhur. Di Dayeuh Luhur, anjeunna ngambek, para embah 
anu sejenna ditewek dugi ka tiwasna. Saterasna anjeunna sumpah, 
turunan aing teu meunang meunangkeun urang Cirebon. Nu saterasna 
Embah Jaya Perkosa teh tilem di Dayeuh Luhur.
  Kang Ono. Di Dayeuh Luhur aya makam Pangeran Geusan Ulun sareng 
istrina Putri Harisbaya. Upama jarah kadinya (ayeuna eta tempat teh 
tempat Jarah) teu kenging nganggo batik. Atuh ku sumpahna Embah Jaya 
Perkosa, aya kapercayaan di Sumedang, teu meunang kawin ka urang 
Cirebon (.....Kuningan mah henteu, da pamajikan kuring oge asalna 
urang Linggar Jati ....hehehehe).
  Sabenerna, ceuk beja mah, Sumedang teh "rugi" pagetreng jeung Cirebon 
teh, sabab Sumedang teh jadi leungiteun daerah SIndang kasih ( 
Majalengka ayeuna). Keur ngagantian "nyeri hate"na Sultan Cirebon 
kumargi Putri Harisbaya dibawa "lumpat", daerah Sindang Kasih 
dipasihkeun ka Cirebon.
  Pangeran Geusan Ulun, namina dianggo jalan di Bandung, dianggap asal 
muasalna kaum menak Sumedang. Lamun Kang Ono ngobrol jeung urang 
SUmedang nu resep kana silsilah, tungtung luhur tina "piramid" 
silsilah pasti Pangeran Geusan Ulun.
  Tah kitu Kang Ono. Ka Urang Sumedang, punten koreksi, bisi aya nu 
lepat, maklum dongengna sanes tina buku, tapi dongeng ti kolot 
baheula keur budak, samemeh sare ........
  Baktos,
WALUYA
   

Send instant messages to your online friends http://uk.messenger.yahoo.com 

[Non-text portions of this message have been removed]



Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Kirim email ke