Sababaraha waktu ka tukang, aya tulisan GM dina Tempo nu asup ka ieu milis
dina jejer pornografi nu nyabit2 kota Pompeii. Bilih aya anu teu acan uninga
ngeunaan ieu kota, nyanggakeun...

Bilih aya koreksi atanapi naon bae, diantos iberna...
-------

Pompeii mangrupakeun ruruntuk kota Romawi deukeut Naples di wewengkon
Campania, Itali. Kota ieu ancur nalika bituna gunung Vesuvius taun 79.
Bituna gunung ieu ngubur kota ieu sajero sababaraha méter sahingga leungit
tapakna salila 1600 taun. Ruruntuk kota ieu teu kahaja kagali deui, nepi ka
kiwari jadi modél kota jaman Romawi nu kacida lengkepna. Ku kituna, ruruntuk
kota ieu téh jadi pangirutan wisata Itali sarta jadi Loka Warisan Dunya
UNESCO.

Lokasi
Pompeii perenahna aya dina koordinat 40°45′00″N, 14°29′10″E, tenggaraeun
Naples, deukeut kota suburban modéren Pompei. Kota ieu aya dina gawir nu
kabentuk ku aliran lahar ka kaléreun sungut Walungan Sarno (dina jaman kuna
mah katelahna téh Sarnus). Kiwari, Pompeii téh perenahna nyisi, padahal dina
mangsana mah leuwih deukeut ka basisir.

Dina abad ka-1, Pompeii téh mangrupa salah sahiji kota nu aya di sabudeureun
gunung Vesuvius. Pangeusina makmur walatra tina hasil tatanén, kusabab
taneuhna subur. Kota sabudeureunana, dina kajadian bituna gunung Vesuvius
taun 79 téh, misalna Herculaneum, ogé ngilu ancur.

Sajarah
Kota ieu diadegkeun kira abad ka-6 MM ku Osci atawa Oscans, hiji jalma ti
Itali tengah. Nu balayar ti Yunani jeung Punisia sok nyimpang ka dieu.
Nalika bangsa Etruscan ngancam rék nyerang, Pompeii ngabalad jeung Yunani,
sahingga ngawasa Teluk Naples. Dina abad ka-5 MM, bangsa Samnite nalukkeun
kota ieu (sarta sakabéh kota-kota Campania), lajeng pangawasa anyar ngaropéa
arsitéktur sarta ngalegaan kotana.

Nalika Campania merangan Roma, Pompeii ngilu mantuan, tapi taun 89 MM justru
diperuhkeun ku Sulla. Najan perjurit Liga Sosial nu dipingpin ku Lucius
Cluentius ngilu mantuan ngalawan Roma, dina taun 80 MM Pompeii dipaksa
nyerah sanggeus Nola taluk. Kota ieu lajeng jadi koloni Romawi maké ngaran
Colonia Cornelia Veneria Pompeianorum. Kota ieu jadi jalur niaga penting nu
datang ti sagara sarta kudu dikirim ka Roma atawa Itali Kidul.

Taun 62, aya lini nu lumayan ngaruksak Pompeii jeung sababaraha kota
Campania. Antara taun 62 jeung bituna taun 79, kota ieu téh diwangun deui,
malah leuwih loba sarta ditambahan ku rupa-rupa ornamén/hiasan seni.

Dikubur Vesuvius
Pangeusi Pompeii, geus sababaraha taun ngarasakeun lini di kotana, tapi 5
Pébruari 62[1] mah linina téh kawilang tarik, sahingga ngaruksak basisir
jeung kota Pompeii. Balukar tina ieu lini téh can kabéh kaoméan nalika
gunungna bitu [2]. Tapi, sigana mah si lini téh sipatna téktonik, lain
alatan gerakan magma dina beuteung Vesuvius[3].

Sanggeus taun 62, lini nu leuwih leutik lumangsung deui taun 64; kacatet
dina ku Suetonius dina biografina Nero[4], dina De Vita Caesarum, jeung ku
Tacitus dina Pustaka XV Annals (Tacitus)|Annales[5] kusabab lumangsung
nalika Nero keur di Naples munggaran midang di téater publik. Suetonius
nyatet yén lini téh teu dianggapku kaisarna, sarta terus tembang nepi ka
anggeusna, sedengkeun Tacitus nyatetkeun yén téaterna runtuh nalika keur
évakuasi.

Pangarang Pliny the Younger nyebutkeun yén lini téh "teu dianggap salaku
hiji totondén, sabab geus teu anéh di Campania mah" ("were not particularly
alarming because they are frequent in Campania").

Awal agustus 79, cinyusu jeung sumur-sumur ngadadak galaring[6]. Lini leutik
mimiti karasa 20 Agustus 79[7], sarta beuki mindeng dina opat poé
salajengna. Totondén kitu téh teu dianggap, nepi ka pasosoré 24 Agustus ,
gunungna mimiti bitu, nepi ka ngubur Pompeii jeung pilemburan lianna. Poé
éta téh, kabeneran, dina budaya Romawi mah mangrupakeun poé Vulcanalia,
péstipal déwa seuneu.

Aya saksi mata anu salamet tina kajadian ieu, sakumaha kacatet dina Pliny
the Younger dina rupa dua surat[8] ka ahli sajarah Tacitus. Ti imah emangna
di Misenum, kira 35 km ti Vesuvius, Pliny nempo bituna Vesuvius: méga
hideung kaluar tina sungut gunung, nu beuki lila beuki turun nutupan sakabéh
wewengkon di sabudeureunana.

"Méga" dina Pliny the Younger téh taya lian ti nu ayeuna disebut aliran
piroklastik, nyaéta méga/awan gas superpanas, lebu, jeung batu nu muncrat
tina gunung api. Pliny nyebutkeun yén pas bitu téh karasa aya lini leutik
sababaraha kali nu dituturkeun ku lini badag. Manéhna ogé nyebutkeun yén
wewengkon basisir, nyusul lini anu badag, katarajang sunami.

Tilem salila 16 abad
Dua kota nu kakubur keusik gunung téh lila-lila kapopohokeun. Herculaneum
kapanggih taun 1738, sedengkeun Pompeii 1748. Sabenerna mah éta dua kota téh
geus kagali taun 1599, ku arsiték nu ngaranna Fontana, nalika keur ngagali
saluran anyar pikeun walungan Sarno, tapi ari bener-bener digalina (pikeun
ngabongkar éta ruruntuk kota) mah kakara leuwih ti 150 taun ti harita. Raja
Charles VII ti Dua Sisilia ngarojong pisan kana ieu tarékah, malah nalika
anjeunna geus jadi raja Spanyol. Ékskavasi taun 1860 dipingpin ku Giuseppe
Fiorelli. Anjeunna pisan nu boga ide pikeun nyuntikkeun plaster kana
lolongkrang nu ditinggalkeun ku awak nu alancur, sahingga bisa némbongkeun
kaayaan para korban Vesuvius sagemlengna.

Aya nu nyebutkeun (tanpa bukti) yén Fontana (nu munggaran manggihan ruruntuk
kota téa) téh manggihan sababaraha frésko érotik/jorang titinggal Pompeii.
Ngan, kusabab harita mah karya sarupa kitu téh dipahing pisan, anjeunna
lajeng ngubur deui éta titinggal arkéologis. Kamungkinan ieu bukti dina
laporan nu ngagarali salajengna, nu nyebutkeun yén situs éta téh geus aya nu
kungsi ngadatangan, sarta geus dikubur deui.

Rohangan sawala, balong, paimahan, sarta sababaraha vila nu kagali horéng
loba nu kawilang weuteuh kénéh. Di deukeut Pompeii kapanggih aya hiji hotél
nu legana 1.000 méter persegi; ayeuna katelah "Grand Hotel Murecine".

Pompeii téh mangrupakeun hiji-hijina kota kuna nu struktur topografis
sagemblengna weuteuh, tanpa modifikasi atawa tambahan. Wangunan-wangunanana
teu sumebar dina 'tata kota' sakumaha nu sok katempo di kota-kota Romawi,
sabab kaayaan taneuhna nu teu rata, tapi jalanna lalempeng, luyu jeung
tradisi Romawi; dibalay ku batu poligonal nu diaping ku toko-toko jeung
paimahan di sisina.

Karuksakan alatan lini, longsor, jeung gunung bitu
Salah sahiji nu keur ditalungtik kiwari téh ngeunaan struktur wangunan nu
keur dijieun dina mangsa gunung bitu (ruksak alatan lini taun 62).
Sababaraha lukisan heubeul nu ruksak sigana geus diganti ku nu anyar. Pangna
nepi ka sapuluh taun lilana téh, sigana mah, kusabab sapanjang sapuluh taun
éta mah kota Pompeii téh terus-terusan digeder ku lini (vulkanik), nu
ditungtungan ku bituna gunung Vesuvius.

Dina mangsa munggaran digali, lapisan lebu gunung téh tétéla loba ngubur
manusa. Kusabab lapisanana téh kawilang teuas, Giuseppe Fiorelli boga akal
ngeusian lolongkrang urut manusa téh ku plaster, sahingga hasilna mangrupa
dedegan manusa pangeusi Pompeii nu teu bisa ngejat tina hujan lebu (tingal
[9], [10], [11]). Dina sababaraha hasil mah katémbong pisan kaayaan soak nu
karandapan ku éta korban.

Para ahli géologi migunakeun karakteristik magnétik batu, talawéngkar, jeung
pasésaan nu aya di Pompeii pikeun ngaduga-duga suhu aliran piroklastik nu
ngubur ieu kota. Hasilna nunjukkeun yén awan lebu téh suhuna nepi ka 850°C
nalika kaluar tina sungut Vesuvius. Pas nepi ka kota mah suhuna turun nepi
ka kurang ti 350°C, antara 240 jeung 340°C (Cioni et al., 2004).

Baca ogé
    * Gunung Vesuvius

Rujukan
    * Pompeii, Wikipédia édisi basa Inggris (17 Maret 2006).
    * Senatore, M.R., J.-D. Stanley, and T.S. Pescatore. 2004.
Avalanche-associated mass flows damaged Pompeii several times before the
Vesuvius catastrophic eruption in the 79 C.E. Geological Society of America
meeting. Nov. 7-10. Denver. Abstract.
    * Maiuri, Amedeo, Pompeii, pp, 78-85, in Scientific American, Special
Issue: Ancient Cities, c. 1994.
    * Cioni, R.; Gurioli, L.; Lanza, R.; Zanella, E. (2004). "Temperatures
of the A.D. 79 pyroclastic density current deposits (Vesuvius, Italy)".
Journal of Geophysical Research-Solid Earth 109.

Tumbu kaluar
    * Pompeii official web site
    * Herculaneum/Pompeii/Stabiae Website
    * Digitizing Pompeii
    * ItalianVisits.com
    * Pompeii: The Musical
    * Patterns of reconstruction at Pompeii
    * Current Archaeology article, Visting Pompeii
    * Three decades of Seismic Activity at Mt. Vesuvius 1972-2000
    * Biography of Nero, by Suetonius
    * The Annals by Publius Cornelius Tacitus
    * Translation of Pliny's letters to Tacitus
    * Another translation, and comments on Pliny the Elder's death, at
UCSB's The Volcano Information Center website
    * Pompeii at University of Minnesota's Emuseum

Disalin ti http://su.wikipedia.org/wiki/Pompeii

--
sikandar
kumincir.multiply.com
www.urang-sunda.or.id
su.wikipedia.org


[Non-text portions of this message have been removed]



Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Kirim email ke