"...kahayangna mah alus pisan Ruwat Sunda teh, ngahimpun 
sadaya organisasi
kasundaan atawa susundaan, gawe bareng, silih wangikeun 
ulah silih
rengkas. eta diantawisna nu didugiken ku pangersa pupuhu 
pembina, gan Iwan
Sulanjana"

MJ boga almat jst..,kuring kataji pisan ku paniatan "Ruwat 
Sunda"

nuhun euy...
sonirosa


On Mon, 20 Mar 2006 12:11:11 +0700 (WIT)
  "mj" <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> 
> 
> malem saptu kamari si kuring dinner di ball-room hotel 
>savoy homann. gaya
> nya. heuheu. ku pa rektor pangulinan, prof. Djuanda 
>Soeraatmadja
> dipiwarang ngawakilan anjeuna dina acara milangkala 
>kahiji Ruwat Sunda.
> eta teh singketan ti Rukun Wargi Tatar Sunda. nya teu 
>bisa nolak da gawe
> si kuring ayeuna jadi ban serep ongkoh. make batik we, 
>da dina ondangan
> aya catetan, pakean bebas rapih, sae pisan upami nganggo 
>raksukan sunda,
> cenah. teu boga raksukan Sunda baheula mah. da hirup 
>ayeuna kuring mah.
> heuheu
> 
> nu katoong mah eta teh kumpulan wargi2 sasunda (baca: 
>kumpulan Menak
> Sunda). aya acara mintonkeun wakil ti kawargian sa TS. 
>wargi sumedang,
> wargi galuh, wargi sukabumi, bogor, cianjur, sukapura, 
>turunan goparana
> subang, cirebon, indramayu, jsb.
> 
> aya dua bupati nu sumping, subang jeung don sumedang.
> 
> matak helok, sabab kalolobana, utama ti kawargian, make 
>baju adat. Mang
> Ihin mah komo, make iket jeung baju hideung. beda ti 
>menak nu dibarendo
> jeung baju tradisional tea. reueus saeutik, sameja jeung 
>Mang Ihin.
> sedihna, Mang Ihin teh geus kolot. 80 taun, sanajan 
>jangjag keneh, tapi nu
> dipikiranana, wewengkon tatar sunda nu rusak. gunung 
>gundul, jsb.
> 
> si kuring hudang, nyampeurkeun ka Mang Ihin, sasalaman 
>bari ngaduakeun
> sing jagjag sing panjang yuswa, bari ngusapan 
>tonggongna. heuheu. asa ka
> aki sorangan euy.
> 
> sameja deuih jeun Pa Sudjana Syafei-ketua forum rektor. 
>katelah pa Jon.
> urang elektro itb. cas cis cus basa inggris manehna mah 
>da gigireun aya
> bule amrik nu nikah ka Mira RG Wiranatakusumah nu harita 
>janten MC. nya da
> Pak Jon teh s2 s3 di amrik. ningali Pa Jon mah, matak 
>sugema, US teh
> teuneung ludeung, teu tungkul, tanggah we. duka pedah 
>kirang jangkung
> kitu. heuheu...
> 
> pangheulan panggih jeung Pa Jon. pancakaki we, alumni 
>senirupa. jadi we
> akrab. heuheu
> 
> Acarana biantara laporan sekjen ruwat sunda, Raden Adil 
>FAdilakusumah,
> terus biantara pupuhu pembina, Iwan Ridwan Sulanjana. nu 
>kamari janten
> Pangdam Siliwangi. ayeuna diganti ku Sriyanto, urang 
>wetan nu oge
> ngahadiran acara.
> 
> tamba kesel, nga sms kang MGT, menak sunda keur kumpul 
>di homann. kang MGT
> ngabales, aya naon euy? teu beja2 ka kuring nu menak 
>pituin bandung,
> cenah. heuheu.
> 
> inohongs bandungkatingal aya, Kang Uu Rukmana, nu ping 
>31 Maret ieu baris
> medalkeun koran harian basa Sunda. basa di aula Sanusi H 
>Unpad, mieling
> poe basa indung, anjeuna nyarios, kuring rek nyieun 
>koran basa Sunda. basa
> mah lain pikeun di seminarkeun, tapi dipake. cenah. 
>heuheu. alun-alun tos 
> dugi kamana, gan?
> 
> kahayangna mah alus pisan Ruwat Sunda teh, ngahimpun 
>sadaya organisasi
> kasundaan atawa susundaan, gawe bareng, silih wangikeun 
>ulah silih
> rengkas. eta diantawisna nu didugiken ku pangersa pupuhu 
>pembina, gan Iwan
> Sulanjana.
> 
> cenah sok aya pajemuhan di jl. jati 42, Lengkong da 
>deukeut markas Damas.
> 
> acara saterusna hiburan, reog gembol, jeung sajabana. 
>jam 10an si kuring
> balik da sono ka budak.
> 
> 
> mj
> 
> http://geocities.com/mangjamal
> 
> 
> 
> 
> 
> 
> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
> 
> Yahoo! Groups Links
> 
> 
> 
> 
> 
> 
> 

========================================================================================
Ikuti Lomba Puisi Online Jawa Timur, dapatkan hadiah menarik setiap bulannya 
dan hadiah total senilai 60 juta rupiah
hanya di http://www.plasa.com
========================================================================================
 


Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke