Baheula basa masih dicirebon kuring sempet guguru elmu silat ka salah aki 
jenenganana aki Atma. Si aki ieu teh elmuna luhung, muridna oge loba. Aya 
sababaraha angkatan (heu..heu..siga kuliah. Angkatan taun 93, 95, jst).

Kuring nyaho soteh pedah imah kuring teh tatanggaan pisan sareng anjeunna. Ari 
peuting (mimiti jam 9) kuring sering ningali ti kaca jandela imah loba nu 
keur latihan silat. Paling henteu tiap angkatan muridna teh aya 10. Latihana 
teh ti peuting mimiti jam 9 sampe jam 11-an. Bari noong ti kaca jandela 
kuring teh asa kabita hayang miluan diajar silat. Bisa silat ngarah bisa jaga 
diri. 

Duka kumaha mimitina ahirna kasampean oge kuring diajar silat ka bapa Atma. 
Kuring diajar jeung babaturan saangkatan. Aya si Iman, si Udi, si Salim, Si 
Buldani, si Herman, si Yadi Kemog, jeung si Sobana.

Saencana Latihan dimimitian kuring jeung babaturan diwajibkeun nyungsung 
(nyiapkeun sesaji) heula. Nyaiapkeun kembang tujuh rupa, bala kapendem 7 rupa 
(sagala hakeneun nu buahna aya di jero taneuh; capeu, boled, suweg, hui....), 
jajanan pasar 7 rupa, cai tujuh rupa. Bubur bodas bubur beureum, jeung wuduk 
(nasi uduk). Sanggaeus kabeh eta disiapkeun brak diambrakeun tuluy ki Atma 
ngahurungkeun parupuyan, dipurulukan menyan, brussssss haseup ngebul minuhan 
ruangan. Paralak ki Atma mulai ngadoa. Calon murid-muridna ngaruiung 
ngurilingan sesaji sementara di luar imah geus poek maklum sarepuna.

(ah..geus heula ah. Engke mun kieung diteruskeun deui.)


Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Kirim email ke