Artikel kang Emod parantos tiasa dibaca di Wikipédia (
su.wikipedia.org/wiki/Kahuruan), upami aya mah mangga cutat oge anu janten
rujukanana.

Mang Oman, jadi inget dina buku Rusdi & Misnem, aya carita ngeunaan imah anu
kabentar gelap nepi ka kahuruanana. Dina eta carita, disebutkeun aya
kabiasaan tahayul bangsa urang dina nyanghareupan kahuruan, nyaeta ku cara
nembong2keun eunteung (enya kitu). Di dinya tetela pisan, yen salah sahiji
tujuan atikan teh pikeun ngembangkeun logika, ulah ngagugulung tahayul.
Har... los2 ka dinya... hehe

jk

On 3/20/06, oman abdurahman <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
>
> Upamana nyalahan, lain Kang Emod anu dimaksud teh, nya teu nanaon, teu rek
> mondokkeun ieu jejer. Malah, si kuring meredih ka Kang Emod sangkan geura
> teruskeun ieu jejer bab seuneu jeung kahuruan teh tina siga ilmiah anu
> geus
> dimimitian dina pedaran mimiti ieu jejer. Peta kitu teh taya lian ku
> kacida
> pentingna pangaweruh bab seuneu jeung kahuruan. Mitigasi bancang pakewuh
> kahuruan hiji hal anu kacida pentingna, dumasar kana kaayaan budaya bangsa
> urang dina nyanghareupan seuneu jeung pola padumukan masyarakat urang anu
> sakitu padedetna. Sugan wae, tina ieu jejer kapanggih sababaraha hal anu
> bisa ngurangan bancangpakewuh kahuruan jeung cara-cara nyinglarna.


[Non-text portions of this message have been removed]



Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke