Panon Hideung "ciptaan" Ismail Marzuki Kang Dede. Enya ceuk beja mah 
Ismail Marzuki nyalin lagu ieu tina lagu Rusia. Ari perkawis kunaon 
ti Rusia mah, kuring oge teu terang, nya meureun pedah ngeunaheun we 
melodina ....

Baktos,
WALUYA


--- In [email protected], Jatigede <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> Kumaha daramang kulan?
>   Kapungkur ngabahas lagu "Panon Hideung", dugi kamana nya?
>   Saur "Pakle' " Pramudya Ananta Toer dina Jalan Raya Pos, Jalan 
Daendels mah lagu eta teh memang ti Rusia waktos imigran putih Rusia 
mangsa kaum bolshevik sok nyanyikeun  lagu eta. Teras di di 
inggriskeun janten "Far over the sea". Mana nu leres ieu teh, naha 
urang Sunda anu niru Urang Rusia atawa urang Rusia anu niru urang 
Sunda. 
>   Naha kedah ka Rusia, naon hubunganana sareng Sunda sareng Rusia. 
Saemut abdi mah anu hubungan Sunda sareng Rusia mah Kang Utuy Tatang 
Sontani anu maotna diditu, nu aya benang merah na mah.
>   Sahman







Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke