kang dede kumaha damang? asa tos langki euy teu patepang....
kapungkur aya kintunan ti kang andi anu mumbara di Inggris perkawis, iyeu
lagu "Panon Hideng', dihandap ku abdi di tangkodkeun seratan ti kang
andi.....
baktos,

ikmal
====================================


Di dieu abdi mendakan lagu sunda kameumeut,.... Panon  Hideung, mung ieu mah
versi Lagu Rakyat Rusia judulna Ochi Chernye (=dark eyes =panon hideung).

Duka mana anu asli namah, walohu alam, pokonamah bade Panon Hideung,...bade
Ochie Cherniye,...dua nana melankolis sareng romantik pisan,...sok janten
emut kana mangsa 20 tahun kalangkung,...basa abdi nuju to hothat hulu
dijantenkeun suku,...suku dijantenkeun hulu,....`ngaboro`,.... kabogoh si
`panon hideung` ,..anu ayeuna mah Alhamdulilah,...tos janten indung si
kucrit (awewe 14 taun, lalaki 10 taun).

Abdi gaduh 3 versi , masing2 4MB, 3MB sareng 5 MB,...Kumargi files na
arageung, upami aya baraya2 sunda anu teu acan gaduh, bade nyobian ngadangu
; nga-email we, engke ku ku abdi dikintunkeun

*PANON HIDEUNG*
Panon hideung pipi koneng
irung mancung putri Bandung
Putri saha di mana bumina
Abdi reuseup ka anjeunna

Siang wengi ka impi-impi
Hate abdi sara sedih
Teu emut dahar teu emut nginum
Emut kanu geulis panon hideung

*OCHIE   CHERNYE*

Ochi chernye,   ........

ochi strastnye, .......

Ochi zhguchie ,.......

i prekrasnye,......



Kak lyublyu ya vas,,.....

kak boyus' ya vas,,.....

Znat' uvidel vas ,.....

ya v nedobryj chas.,.....




2006/3/21, ibnu hujaimah <[EMAIL PROTECTED]>:


[Non-text portions of this message have been removed]



Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke