Ass.Wr.Wb.
 
Sabada minggu kamari nanggap tembang sunda di Unesco dina raraga mieling dinten istri (asa aneh nya ari diterjemahkeun mah), anu kenging sambutan sae ti nu nongton; tadi wengi di kbri nanggap penca. Aya lima grup anu tandang teh, nyaeta : Cimande, SH Terate, Persaudaraan Setia Hati, Merpati Putih anu sadaya patandangna urang Prancis (salah sawiosna aya urang hideung) ditutup ku pagelaran tim anu dongkap ti Indonesia ( Bhakti Negara, Cimande, Silat Tuo, Pamor .....).
Leupas ti sababaraha paguron anu midang, hiji hal anu ngabungahkeun yen rombongan ti Prancis, ti paguron mana wae oge dina ngibingna teh dipirig ku kendang penca. Palebah dieu tetela yen kendang penca teh  tiasa mirig kana seni beladiri naon wae oge. Eta ge kantos ninggal hiji paguron di Prancis dina ngibingna teh dipirig ku kroncong. Tapi asa ningnang. Kukituna urang kedah agul, tapi agul teh ditambihan ku prakna oge urang diajar ngarengkenek. Pribados sanajan geus kolot, aya kahayang oge milu aub. Mantak basa aya rombongan tembang sunda ka paris, ngahaja pesen pangsi. Sual palatih, ti ngawitan sasih ieu Sdrk.   Cecep ti Mande Muda bade dikengken ngalatih urang Prancis salami tilu sasih. Sugan aya waktos pribados oge bade kursus kilat. Bangplak ......... Dingkeung ........ dingkeung....... bahdingkeung.


Nouveau : téléphonez moins cher avec Yahoo! Messenger ! Découvez les tarifs exceptionnels pour appeler la France et l'international. Téléchargez la version beta.

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke