Tabe deui, Kang...
AJ
Dudi Herlianto <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Teh Tien,
kang Asep kapayunan ah, cukleuk dina kamus abdi mah teu kapendak (KUBS
KBSS), mung jigana cukleuk leuweung cukleuk lamping teh kinten-kinten
hartosna aya di tengah leuweung di sisi lamping (bagian gunung antara puncak
jeung tutugan), jauh kamana-mana. upami sintung hartosna kolokop mayang
kalapa, nu tos garing sok dianggo suluh.
biasana "cukleuk leuweung cukleuk lamping, jauh kasintung kalapa" sok
disambung ku: "lieuk deungeun lieuk lain, jauh ka indung ka bapa". sapertos
nu kang AJ serat.
"cukleuk leuweung cukleuk lamping
jauh ka sintung kalapa
lieuk deungeun lieuk lain
jauh ka indung ka bapa"
kanggo kang AJ hatur nuhun koreksina, maksad nyerat nugeulis henteu nu
geulis teh meh ngaharib kana kecap nunggelis wungkul he he he he...
tabe pun,
deha
tukang ngabejaan bulu tuur
On 3/21/06, indung peuting <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> Haturan kang Asep Juarna......damang..?
> Nuju usum naon tah diditu...? tiris teu...!
> "Cukleuk leuweung cukleuk lamping jauh ka sintung kalapa" eta naon
> hartosna.....?
>
> ipeut
> (nuju sorangan dipayunen komputer)
>
> Aj Kusnet <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> > cukleuk leuweung cukleuk lamping
> > jauh ka sintung kalapa
>
> lieuk deungeun lieuk lain
> jauh ka indung ka bapa
>
>
> Nyeratna rupina mah "nu geulis", sanes "nugeulis"...
>
>
> "Nunggelis" jeung "nunggul pinang" teh "deukeut pisan hartina",
> pada-pada nyorangan, bedana "nunggul pinang" mah hartina teu boga atawa
> geus teu boga dulur sagetih ari "nunggelis" mah bisa oge hartina teh
> ngarasa nyorangan di pangumbaraan... Ah, eta oge ceuk rarasaan kuring...
>
> AJ
>
>
> ------------------------------
>
--
~:ngadék sacékna, nilas saplasna:~
deha.wordpress.com
borondongjagong.blogspot.com
[Non-text portions of this message have been removed]
SPONSORED LINKS
Corporate culture Business culture of china Organizational culture Organizational culture change Jewish culture
Yahoo! Mail
Use Photomail to share photos without annoying attachments.
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
SPONSORED LINKS
| Corporate culture | Business culture of china | Organizational culture |
| Organizational culture change | Jewish culture |
YAHOO! GROUPS LINKS
- Visit your group "urangsunda" on the web.
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.

