Dirman S [EMAIL PROTECTED] menulis
Wilujeng sumping haturan Yi Asep Nurhidayat, sami urang Bdg Abah oge
leresan mana nya ?
Di duakeun sing kenging pangabetah di pangumbaraan, parek rizki di tebihkeun
balai,seueur anu mikanyaah (mangkade seueur anu mulung mantu.....He..he...
hapunten ...ulah lebet kana manah..hiburan bae ieu mah).
Kagungan pangaresep kana nguseup ? Sae tah,biasana anu kagungan karesep mancing,jalmi pang sabarna sadunya,ngantosan Jeujeur di sanggut lauk,nuju sue pan ngabulasin?? Ah, teu sawios nyimpang bae ka pasar ,sanes??
Rupina tukang moro,kawas soldadu nyoren bedil ,ngakod ransel,peupeujeuh
omat ulah sabedil bedilna upama sanes bedileunana,bilih kacentang panah asmara ku wanoja anu mandi di Leuwi ??????
Tatang Sariman <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Tatang Sariman <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Biasana upami moro bagong di leuweung sok dibantos ku anjing anu seueur, janten si bagongna dikepung ku sakadang anjing-anjing, urang mah lalajo we ragegna anjing. Siapa takut ??? majar teh.
Emod Morales <[EMAIL PROTECTED]> wrote:Lamun moro koruptor moal dicerek atawa dirogahala ku anak buahna......?
wawan sukmana <[EMAIL PROTECTED]> menulis:Wilujeng sumping kang, mangga ngalih calikna di dieu, tong nagog dipayuneun hawu atuh matak peot, urang ngariung ngawangkongkeun rencana moro yeuh. Sakali-kali mah moro koruptor nya.
NURHIDAYAT ASEP <[EMAIL PROTECTED]> menulis:Assalamualaikum,Hapunten ka sadayana nembe ayeuna jisim kuring ngiring ngariung dina milisurang sunda sa alam dunya ieu,sakantenan bade nepangkeun ka sadayana.Nami : Asep NurhidayatAlamat maneuh : Perumahan Bukit Permai blok E no.14 Serang,Banten.Tmp/tgl lahir : Bandung,05 September 1968Padamelan : Karyawan PT Krakatau Steel CilegonHobi : Nguseup sareng moroTos sakiteu wae perkenalan ti abdi mah,permios.
@LPHANUR
Send instant messages to your online friends http://uk.messenger.yahoo.com
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
YAHOO! GROUPS LINKS
- Visit your group "urangsunda" on the web.
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.

