Hatur nuhun upami katampi mah... Tapi, pedaran sim kuring teh tangtosna oge teu acan tangtos leres, eta mah leres ceuk sim kuring bae... Nanging, kumargi "leres" mungguhing manusa mah henteu mutlak tea, nya "leres ceuk sim kuring" teh ku sim kuring oge di anggap "ad hock" (saheulaanan)...

AJ

mardiana <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Ass wr wb

Kang Ak kusnet, abdi janten isin janten urang sunda upami
maca anu parantos dipaparkeun, meni seueur anu teu
ngartosna..... naha saya teh urang sunda lain, meni ampun
kana basa indung oge loba teu ngartina ?!
Lamun kitu mah saya teh teu salah ulubiung di kusnet.
Hatur nuhun ah,  saya rek diajar deui didieu.....

wass,

anna



On Wed, 22 Mar 2006 04:40:13 -0800 (PST)
  Aj Kusnet <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> Kecap kutan (poma ulah diambihan "g", nya...), lamun
>dina Bahasa Indonesia mah ternyata. Aya kawih baheula nu
>make kecap kutan teh; kieu unina (saeutik bae nya):

>  Kutan kieu rasana ditampik,
>  hate peurih pikiran baluweng,
>  gering nangtung hirup ngalanglayung,
>  ...

>  Kecap kutan nuduhkeun rasa teu  biasa ku alatan hiji
>hal anu munggaran kaalaman. Aya kecap lian anu meh  sarua
>(kukituna sok mindeng pahili makena) jeung kecap kutan
>teh, nyaeta baruk jeung geuning. Kecap baruk biasana
>nuduhkeun rasa hookeun anu rada pohara, leuwih pohara
>tibatan kecap kutan. Kecap geuning ieu mah anu pang
>basajanna hookeunana teh.

>  Baruk, silaing nu maling teh..! Teu nyangka sacongo
>buuk..

>  Tah geuning kadenge sorana ayeuna mah...
>  
>  "Kutan kieu rasana ditampik" bisa diganti ku "Baruk
>kieu rasana ditampik" lamun nyerina rada pohara jeung
>nyaritana bari ambek, atawa "Kieu geuning rasana
>ditampik" lamun perkara ditampik teu nyeri teu sing, lucu
>malah nu aya, he he...


>  Kecap samanea biasana dilarapkeun pikeun negeskeun hiji
>perkara anu henteu biasa/ilahar.

>  1. ... ulah samanea   ngobral auratna kajaba anu biasa
>tembong. (ulah jadi kabiasaan / ulah sangeunahna)
>  2. ... eta ngaran jeung anu nyieuna henteu samanea.
>(estu make cara anu anyar, lain cara anu sakumaha
>ilaharna)
>  3. Ana disidik-sidik, singhoreng lain hujan samanea.
>(lain hujan ku alatan mega hideung, ieu mah ku alatan
>sakadang jurig, hi hi...)
>  4. dikarangkeng ku sarigsig iga ruh teu bisa samanea
>ngalayang ngacacang ... (teu bisa bebas)
>  5. ... nu bogana ge lain jalma samanea. (pasti sakti
>lah...!)
>  6. ... sanajan ngan ku heheh tapi   hehehna ge teu
>samanea heheh panganten anyar tea loba hartina heheheh...
>(duka tah nu ieu mah...)

>  Punten ah... Ieu mah sakaterang sim kuring... Bari
>jeung rada era oge,  ngawani-wanikeun medar, kapan sim
>kuring teh boga kahayang aya nu  ngabenerkeun saupamana
>salah...

>  AJ

> The MetZ <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>                 Punten ah, bade tumaros deui ah, hartos
>na   :
>  -kutan
>  -samanea - postingan kang waluya...
>  hatur nuhun sa teu acan na...:)
>  
>  wass..
>  Awin
>  tukang tanya tea
>       
>
>    Komunitas Urang Sunda -->
>http://www.Urang-Sunda.or.id
>   
>
>                   
>       
> ---------------------------------
>    YAHOO! GROUPS LINKS 

>     
>    Visit your group "urangsunda" on the web.
>    
>    To unsubscribe from this group, send an email to:
> [EMAIL PROTECTED]
>    
>    Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo!
>Terms of Service. 

>     
> ---------------------------------


>         
>
>            
> ---------------------------------
> Yahoo! Mail
> Use Photomail to share photos without annoying
>attachments.

========================================================================================
Ikuti Lomba Puisi Online Jawa Timur, dapatkan hadiah menarik setiap bulannya
dan hadiah total senilai 60 juta rupiah
hanya di http://www.plasa.com
========================================================================================




New Yahoo! Messenger with Voice. Call regular phones from your PC and save big.


Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke