Kang Dur, Di wewengkon Garut oge aya kecap "lawuh" teh, ngan geus dirarangkenan, jadi "lalawuh". Ari "lalawuh" teh hartina kadaharan enteng (makanan ringan) keur baturna "ngopi". Tah palebah "ngopi" oge, hartina lain ngan ukur nginum cikopi, bisa wae cai herang atawa cai enteh.
Ari "lauk", dina harti sapopoe maksudna sabangsaning kadaharan anu asalna lain tina tutuwuhan, keur baturna kejo (hehehe). Jadi kadaharan/papasakan naon bae nu asalna tina sato hewan keur batur kejo, sok disebut "lauk". Memang kecap "lauk" aya harti lain, nu maksudna sato hewan nu hirup di cai. Kuring tacan manggih katerangan yen "lauk" serapan tina basa Jawa, apan di Jawa mah aya kecap lain "iwak". Jadi ringkesna: lalawuh = batur ngopi lauk = batur kejo (mh) --- durahman <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > tapi hentu berlaku mun wetan-na ngan sampe cirebon, > pih. Di cirebonmah kieu; > dengeun sangu=LAWUH > sasatoan nu hirup dina cai(hiji diantaran)=IWAK > > Panginten kitu, pih. Lauk dina basa sunda nu hartina > deungen sangu teh serapan > ti basa jawa/indonesia. Di imah kuring teu nganggo > kecap LAUK jang 'dengeun > sangu. Nganggona 'dengeun' wungkul; > > Mamah; "Pah, kaditu emam heula." > Papah; "Dengena jeung naon mah?" > Mamah; "Aya celem asem, Urab lembayung, jeung goreng > endong. Sambel tarasi oge aya." > > > On Thursday 23 March 2006 10:18, Siddik Wiradireja > wrote: > > Jerman Niar [EMAIL PROTECTED] > > Ari ngobrolkeun kecap "lauk" abdi sok bingung > > ngagunakeunana > > > > LAuk : sasatoan nu hirup dina cai ===>> ieu basa > Sunda > > lauk : deungeun sangu. ===>> tina bahasa wetan > .../ssw > > kumaha ngabentenkeunana? > ===== Situs: http://www.urang-sunda.or.id/ [Pupuh17, Wawacan, Roesdi Misnem, Al-Quran, Koropak] __________________________________________________ Do You Yahoo!? Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around http://mail.yahoo.com Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

