Dirman S<dirmansurya> wrote
 
Ngiring mairan,upama teu lepat sigana kecap "baong" di dieu kecap wewengkon . Urang Sukabumi nelah supir tembak atawa supir anu nyelangan pang neangankeun muatan ,Colt Bogoran nelah supir "kadal" . Padahal harti kadal anu sabenerna pan sato .
Bareto jaman kuring keur budak,teu susah saperti ayeuna lamun hayang ningali kadal. = dina harti anu sabenerna
Mangkade sing waspada lamun indit-inditan naek Colt Bogoran anu mawana supir kadal.
 
Wassalam,
Ngiring ilubiung....cag ah.
 


AA misan <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Balaka we ieu mah yen kuring lain ahlina, tapi ah rek nyanyahoan.
Jigana mah harti kecap baong gumantung kana kontek kalimah.
 Contona :
 
"Na ari maneh baong ? Tai munding sakitu ngajegirna dileyek."  = lolong .
"Baong-baong oge budak aing deuleu! "                                   = bangor.
"Dasar budak baong, gawe teh ukur gelut."                               = bangor.
 
Dipungkas ah, bisi loba teuing salahna.
 
Misan ===


Emod Morales <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Bade Tumanya, dumasar kana Tumaros tina kecap taros. Tanya jadi tumannya..!
 
Kuring di Bandung sok ngadenge kecap / kalimah " Eh...budak teh baong...! ", " Amengna ulah baraong nya..!"
 
Tah di Bandung mah kecap BAONG hartina teh "Nakal" atawa bangor.
 
Kuring nanyakeun ka urang Cianjur, Cililin. Hartina BAONG teh nyaeta Teu ningali / Lolong.
 
Kuring panasaran ditingali dina kamus, memang enya hartina BAONG teh Teu ningali, Lolong
 
Kumaha tah urang Bandung.......!
 
Emod Morales

Apakah Anda Yahoo!?
Kunjungi halaman depan Yahoo! Indonesia yang baru!


New Yahoo! Messenger with Voice. Call regular phones from your PC for low, low rates.

Send instant messages to your online friends http://uk.messenger.yahoo.com

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke