Teh Ika, Nu dimaksad teh, aya kamiripan antara konsep "malapah gedang" sareng "birokrasi manjemen" teh utamana dina kontruksina. Hehehe, konstruksi, jiga wangunannya.
Misalna kieu, upama gegedug hiji organisasi salaku inti urang ibaratkeun jiga bal leutik. Disabudereun gegedug salaku inti, aya kumpulan manajer level tengah, urang ibaratkeun bal rada gede. Di sabudereun manajer level tengah, aya kumpulan manajer level handap, urang ibaratkeun bal leuwih gede. Janten upama diabstraksikeun mah, kira-kira bakal jiga kieu: bal leutik salaku inti dibungkus ku "palapah" bal rada gede, bal rada gede dibungkus deui ku "palapah" bala nu leuwih gede. Di saluaraeun bal, taya lian publik salaku pamake. Upama publik perlu layanan ti gegedug tea, apan teu tiasa teras ngontrog ka gegedug, tapi perlu ngaliwatan palapah demi palapah tea. Ayeuna urang tinggal, conto ngacapruk dimana "malapah gedang" diterapkeunana, tapi make proses nu sabalikna ti nu tadi, ti luar ka jero. Ari tadina prosesna , ti jero ka luar. Misalna, kumaha carana hiji jajaka nepikeun kereteg hatena ka hiji wanoja. Kapan umumna mah tara togmol ceplak pahang ka jinisna. Lebah dieu si wanoja bisa diibaratkeun salaku inti, pikeun sasaran tembak. Di sabudereun si wanoja, pasti aya orang dekatna, jiga kulawarga atawa babaturan sabaya. Tah ieu "palapah" lapisan ka hijina. Di sabudeureun keluarga sareng babaturan dekat aya deui kumpulan keluarga sareng babaturan ngan teu pati conggah, nu ieu bisa disebut "palapah" lapisan kadua. Janten kumaha strategi si jajaka, supaya bisa nepikeun maksudna, kira-kira bakal sami sareng nu tadi, kedah malapah gedang tea. Conto lain, masih dina topik jajaka-wanoja, upama si jajaka tos tiasa komunikasi langsung ka si wanoja. Nalika si jajaka rek wakca nepikeun maksudna, bakal ngaluarkeun kuesioner tahap ka hiji nu eusina leuwih umum, urang sebut "palapah" tingkat luar. Upama aya reaksi respon-balas positif, si jajaka bakal ngajukeun kuuesioner tahap kadua nu leuwih fokus kana maksud intina. Upama tahap kadua sukses oge, saterasna, nyanggfakeun. Hehehe. Tuh pan sami konstruksina teh, sanes? Sugan ketang teh, tamba nundutan. Salam, (mh) --- ika mardiah <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > Punten ngiring mairan. > Hatur nuhun MH parantos nerangkeun perkawis > malapah gedang. Asa nembe terang ayeuna. Mung > panginten teu tiasa disamikeun sareng sistem > "birokrasi". Oge sistem "birokrasi" benten sareng > protokoler. Birokrasi mah diayakeun kanggo > ngagampangkeun urusan utamana layanan ka masyarakat. > (duka upami ayana birokrasi teh dianggap nyusahkeun, > hehehe.....). Upami protokoler mah aturan keur > institusi atawa jabatan. (sapertos nu diributkeun > ayeuna perkawis Kedudukan Protokoler dan Keuangan > DPRD, nu janten acuan pemberantasan korupsi para > wakil rakyat). ===== Situs: http://www.urang-sunda.or.id/ [Pupuh17, Wawacan, Roesdi Misnem, Al-Quran, Koropak] __________________________________________________ Do You Yahoo!? Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around http://mail.yahoo.com Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

