bieu jeung si Ua Sas oge kang Soni Rosa, ka GKRS, gedong kasenian
rumentang siang, di kosambi bandung. pikeun nyakseni milangkala ka 40
tauna pp-ss, eta teh ti paguyuban (jeung) panglawungan sastra sunda.

pp-ss teh minangka persatuan pengarang jeung pecinta sastra sunda.
diadeugkeun  27 maret 1966 di bandung ku ajip rosidi jeung pangarang
sejena. harita masih paguyuban pangarang sastra sunda. meh lega, nya
ditambahan ku panglawungan nu ngajak oge ka pecinta/nu maca sangkan
miluan. teu ngan ukur pangaran wungkul.

acara di gedong cap hareudang tadi dihadiran ku ajip rosidi, uu rukmana,
abdullah mustapa & ceu Aam, dhipa, hawe, malah panyajak sunda urang galuh,
Godi SUwarna oge aya. nya maranehna nu geus ngahirup huripkeunk sastra
sunda dina rupa buku citakan. ayeuna, pamedal buku basa sunda nu kaitung
anteng teh ngan hiji, Kiblat buku utama. nu gaduhna kang Ajip rosidi.
masagi eta mah jelema teh. salian ti terus ngupayakeun sangkan budaya oge
basa sunda maju, nyieun pamedalna, nyieun majalahna, nyieun wadahna,
nyieun sagala rupana.

di panggung, kang abdullah mustapa nganuhunkeun ka ceu Empat, istrina kang
Ajip Rosidi. mangsa pangarang nu ayeuna geus alumuran masih ngarora keneh,
sok karumpul di gang asmi, di bumina kang Ajip Rosidi. ceu empat nu sok
nyadiakeun tuangeun. meureun kang AM inget mangsa jadi pangarang ngora nu
sering lapar. heuheu

31 Maret 2006
aya naon tanggal ieu? koran harian SUNDA baris medal munggaran. tadi
pendak sareng salah saurang redaksina, kang Abdullah Mustapa oge dian
Hendrayana (bdg tv). si kuring nyarita bari heureuy, cik KUSnget sadiakeun
rubrik. mangga cenah, saur kang Abdullah Mustapa. mun enya teh, hebring.
Kusnet boga kapling di koran tea. ari tulisanana mah, rencana mah, dipilih
we unggal poe ti postingan baraya kUSnet. pasosore di kirimkeun via
e-mail. [EMAIL PROTECTED]

can beres acara teh, ngan the hareudang of the ruangan ngaheab. kaluar we.
si ua sas meser rambutan. kanu hoyong, udag mobil avanza hideung kang
Soni, da dina mobil eta, si kuring ka pangulinan deui, si Ua sas ke
margawangi

mj

http://geocities.com/mangjamal






Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Kirim email ke