Kang Waluya, apruk aprukan teh bet nyalira atuh..!
Ngiring si ipeut ka garut, panasaran hoyong tutug oncom teh anu kumaha...?
Kang Deni, wartoskeun ka kang Darpan si teteh hoyong ngiring...he he he
Aduh..waas, kacipta apruk-aprukan ka gunung......resep sigana......ngiring-ngiring..........
ipeut
waluya56 <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
waluya56 <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Kang Deny, poe saptu kamari kuring "ulin" ka Garut, ka Kamojang.
Sanajan lain kakara kuring ka Kamojang, ngan kamari mah rada
istimewa, kuring nyupir sorangan, lumayan oge geuning rada keueung,.
maklum jalanna naek jeung leutik. Tepi ka Kamojang, halimun dimana-
mana, tetempoan ngan bisa nempo ukur 10 meter. Eta halimun ti isuk
tepi ka sore, na da teu leungit-leungit, angger we poek. Atuh jadi
teu puguh, "ulin" ka gunung tapi teu bisa nempo pamandangan. Nu aya
ngan tirisna wungkul. Mulangna rek make jalan nu ka Majalaya. Tunyu-
tanya, ka barudak nu marake motor. Ceuk barudak teh, bapa geus biasa
lewat jalan dinya? acan, cekeng teh. Ari teu acan biasa mah, tong
liwat kadinya, jalanna turun nurugtug pisan. Atuh balik deui ka
Garut.
Di Garut nyimpang heula kanu jualan jeket kulit. Ari sugan teh murah,
geuning hargana teh ratusan rewu. Ngan inget papatah ti "urut" boss
kuring, lamun aya nu jualanan barang karajinan /UKM, beulian cenah
barangna. Tapi rek meuli jaket kulit mah tetep we " teu wasa",
kapaksa we neangan anu murah, meuli gantungan konci tina kulit,
hargana ....25,000.-. ....
Kuring, hoyong ka Garut deui kaping 30 Maret, ngan eta geus janji
jeung indungna barudak, nu hayang ka Sukabumi, pedah libur opat
dinten. Janten wilujeng we kanu bade angkat, sareng wilujeng ka Kang
Soni anu bade maen "Game" Sunda ....
Baktos,
WALUYA
--- In [email protected], "denysuwarja2k"
<[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> Kuringkatitipan pesen ku Darpan:
> Cing kasabeh Babakan KUsnet, sabaraha urang anu rek ka Garut
tanggal
> 30 Maret tea.
> Ieu penting, Kang Darpan rek masak Nila, Sangu Tutug Oncom, Sambel
> Ledok, Peuteuy jeung semur jengkol katut asin sepat...komo lalab
mah!
> Pamajikan Darpan ngarah bisa ngajir pasakeun.
>
>
> Deny
>
Send instant messages to your online friends http://uk.messenger.yahoo.com
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
YAHOO! GROUPS LINKS
- Visit your group "urangsunda" on the web.
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.

