ngiringan ah...[manawi can bari]
uing ge satuju pisan kana pamadegan2 akang2 anu tos diposting.tapi di rorompok, jikan uing asalna mah tara pisan daekeun lalajo-cacak ngabandungan dina radio tawa kaset ge sok langsung dipareuman- pas kawenehan mah ningali asep-cepot-tpi lan buta nyaanan tea.ceukeukeuk..ceukeukeuk..seuseurian. ti dinya sok pirajeunan tetelepek. tuda asalna mah pareumeun obor tea.make jeung nanyakaeun pancakaki astina-kurawa-pandawa.tampolana nanyakeun kapi kumaha uing ka si dawala.resep geuningan nya wayang teh,pokna pada suatu ketika.gerentes weh uing mah hate teh, emh nuhun cepot,eh kang asep.timana we geuning jalanna mah.tah anu kitu teh loba -sigana- nu ngalaman.barudak sapakulian oge sok aya nu pirajeunan nga-sms mun malem minggu teh:hayang ngeunah seuri,polototan tpi.jadi weh nambahan wadyabalad si cepot teh.ah jeun teuing motipasina ngan ukur padu hayang ngeunah seuri hungkul.piraku kadar kitu wae kudu ngogan mister kacang bean onaman.baheula ge keur leutik asa kungsi manggihan carita wayang sarupaning kieu teh,dina giwangkara taun 80an.manawi aya keneh nu emut.
hampura ketang, ieu ukur jabung tumalapung.bobo sapanon carang sapakeun,neda jembar pangaksami we.
 
tur nuun,
tj


Do you Yahoo!?
New and Improved Yahoo! Mail - 1GB free storage!


Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke