Salam manis deui, manis pisaaaaaaan ah dugi ka giung geningan.
Cobi atuh pangmedarkeun khasiat peuteuy sareng anu tiasa ngabalukarkeunnana margi tipayun kantos aya pedaran ngeunaan peuteuy saurna ti urang Malasia namung dibarantah pajarkeun eta teh email hoak, naha leres???
Hatur nuhun diantos pedaranana da kumaha atuh resep pisan kana peuteuy teh he he he mani pedo tur nambihan sumanget kana tuangna.
Baktos,
WAG
yr32 <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Salam manis,
maniiiiissssssssss.....salam ti kuring
Daramang baraya?
Lami teu ngulampreng ka lembur, sanes somseu mung pakepuk sareng
eusi padaringan jada pabetekan teu puguh urus.
Boga bimbingan mahasiswa S3 si calon doktor saurang, S2 si calon
master saurang, jeung 4 S1 si calon Bachelor tea.
Ngajar anger judula "Advance in Bioactive Compound", resep ngacacang
mere kuliah kasiat koneng gede, peuteuy, antanan, picung, daun
kahitutan, jeng rea-rea deui, hiji-hiji molecules aktifna
dikaluarkeun, disusun struktur kimiana jeung diuji kasiatna, nyaan
tutuwuhan Ki Sunda mah ceuyah, ceuyah ku kasiat. Ngan hanjakal
anakna sorangn dalurjana, mangga bae tingali gunung gundul, pasir
bulistir, kebon molongpong, tegalan ngatrak, deudeuh......
Tutuwuhan Ki Sunda nu aya khasiatna ku kuring dimamat-dimeumuet di
Korea, diasupkeun pana imah kaca, suhuna diatur, aliran udarana
dimeujeuhnakeun, mahal siah deuleu...biaya ngarawatna, tapi naha ari
di Wewengkon Sunda nu geus puguh imah balena bet teu diwalurikeun?
Cag,
Tungtung Seoul
Send instant messages to your online friends http://uk.messenger.yahoo.com
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
YAHOO! GROUPS LINKS
- Visit your group "urangsunda" on the web.
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.

