sawios ngacapruk ge atuh teh nia, da mun teu ditedunan kapalayna, ke bilih orokna ngelay..
~ipup~ --- In [email protected], "Nia Sri Winiarsih" <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > Janten hoyong ngadongeng.. > baheula basa nuju kelas 2-4 sd di lembur,enya di majalengka...bapak masih jag2, mindeng pisan melak sabrang, kaleresan gaduh sawah di pengkereun bumi teh...ti tonggoheun bumi dugi ka sisi lebak...prak teh melak sabrang,bapak mah sok kaluar peuting, neang cai, da cai teh di parebutkeun jeung tatangga.... > > Pas panen,ceuk bapak teh, dari pada maraneh barengong mendingan ngalaan sabrang kadinyah tuh tukangeun nu mupu ( nu manen/ nu manen teh sok aya kana 8-10 urangna ), tah mupuri jig kadinya, engke mun meunang kop pake jajan kadinyah..cenah, ka abdi sareng ka adi abdi teh... > > Atuh enya wee..abdi jeung adi teh, mawa karung jeung boboko, karung di simpen di sisi galengan.. boboko dibbwa kangge ngawadahan sabrang nu kakara di petik. Tapi kadang mun bapak teu aya, sok miheulaan nu mupu pak pik pek....hol bapak, dodongkoan katukangeun nu mupu....anu leuwih resep mah, mun bapak teu aya...sok ngarawuan tina karung anu mupu di pindahkeun kanu karung abdi... > > hasilna teh sok di jajankeun atanapi di tabungkeun di sakola... > > aeh punten jadi ngacapruk..wararaas tuda. > > nia Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

