Haturan Kang (AA) Misan. Leuh mani resep nya ari di batur, teu jiga 
di lembur. Ari di lembur mah pan aya istilahna Kang, "Lamun bisa 
dihesekeun, kunaon make kudu digampangkeun?" ....hehehehe

Ieu mah ngabejaan ka urang Bandung, lamun meser mobil/motor urut, 
parios heula STNK domisilina dimana, pilih mobil/motor urut anu 
sakota/sakabupten jeung urang. Daerah nu ngagunakeun nomer "D" teh 
aya tilu : Kota Bandung, Kota Cimahi jeung Kabupaten Bandung. 
Mindahkeun STNK ti daerah sejen ka tempat cicing urang, waktuna teu 
sakeudeung, bisa kana 1-2 bulanna. Ieu kaalaman ku kuring waktu rek 
mindahkeun STNK mobil ti Cimahi ka kota Bandung, waktuna 2 bulan!. 
Sajeroning eta, mobil euweuh surat-suratna, teu bisa dipake, komo 
lamun kanu jauh mah. Karuwetan ieu lain wae ti Cimahi ka Bandung, 
tapi oge sabalikna. Oge cenah mah antara Kab. Bandung jeung Kota 
Bandung, atawa Kab. Bandung jeung Cimahi.

Baktos,
WALUYA

--- In [email protected], AA misan <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
>   Tah ayeuna mangga geura urang toong babarengan GALAMEDIA Salasa 
28 Maret 2006 dina kolom Interaktif CeplasCeplos, aya baraya urang nu 
rek mayar pajeg mobil kudu ngadaweung cindeten en dipeuyeum heula di 
eta kantor samsat Bdg Tengah sababaraha jam pedah (jigana mah) teu 
nitah 'jelema nu dijero' alias abdi rayat (pulisi + Dispenda) . Beu 
kacida teuing ! Padahal si bapa teh rek mayar kawajiban, lain rek 
menta. Bener pisan yen spanduk nu ditulis 'BAYARLAH KENDARAAN ANDA 
DENGAN TIDAK MELALUI CALO/PERANTARA' teh wadul alias bohong badag ! 
Kuduna mah tulisan eta teh kieu yeuh 'BAYARLAH KENDARAAN ANDA DENGAN 
MELALUI CALO/PERANTARA' 
>   Ngarah gancang anggeus ! 
>   Komentarna mah teu langkung baraya.
>    
>   Baktos
>   Misan .
>   Tennessee-Amrik .






Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke