zigana kang Dur,
eta baju urut babaseuhan teh ku urang dinyana dikumpulkeun,
diseuseuhan, dipoe, disetrika, tuluy dijualan ka tukang loak.
da kabayang atuh, mun sapoe eta aya 50 urang we nu mandi
didinya, meureun geus aya 50 setel rupa-rupa pakean, kaasup
rupa-rupa jeroanana. lumayan.
heu...heu..

-dul-


--- In [email protected], durahman <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> Hoyong cerita, ah. Ngeunaan sumur keramat di wewengkon kuring;
> 
> Tepatna di desa leuweung gajah, kec. Ciledug (?), Kab. Cirebon. Aya 
hiji 
> sumur nu dikaramatkeun ku masyarakat sabundeureun wilayah eta. Duka 
nu 
> pastinamah ti endi bae jama nu sok daratang kadinya, teh. Nu 
pastimah 
> pernah sakali dua kali basa urang ngaliwat kadinya nyeuleu mobil 
bus 
> gede nomor seri D, jeung nomor seri sejena parkir di area sumur 
karamat 
> eta. Rek ka endi deui penumpang mobil etateh mun henteu rek ka 
sumur 
> leuweung gajah.
> 
> Pang-pangna sumur eta loba di daratangan jelma ti endi-endi 
lantaran, 
> cenah, sumur eta teh mawa hasiat jang jama nu mandi make cai sumur 
eta. 
> Hasiatnatehmun budak geus kuduna bisa leumpang can leumpang keneh 
bae 
> jadi tereh lempang (meureun aya hasiat sejena;  mun hese jodo jadi 
> enteng jodo,  rejeki seret jadi lancar jrrd. Meureun ieumah. Da nu 
> kuring terang pastimah hasiat nu nomor hiji tea. Soalna basa keur 
leutik 
> pernah kadinya, milu jeung Emih ngamandian si toto, pun adi)
> 
> Mun rek mandi di sumur eta teu bisa sambarang waktu. Waktuna kudu 
poe 
> jumat kliwon, ti beurang. Mimiti jam 7-an sampe jam 11-an. Mandina 
kudu 
> babaseuhan (pakean ulah udaran). Beres mandi salin, terus baju nu 
jang 
> mandi babaseuhan tadi kudu ditinggalkeun didinya.
> 
> Tos sakitu bae caritana. Mangga.
> 
> Wasalam,
> dur
>






Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Kirim email ke