--- In [email protected], "Waluya, Dani R" <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > aya dongeng ti pun aki yen saprak saenggeus ngungsi, baralik deui ka > bandung tanah nu geus rata jeung tanéh teh di paratok ku nu lain hak > na,...hehehe nya kapaksa pun aki teh nu kabeneran ngungsi ka ciawi > tasik,...ngégel curuk.... >
Tah nu didongengkeun Kang Dani Waluya teh (pun Adi ieu mah ....hehehhe), sami jeung nu dicarioskeun ku pun Ua Istri nu urang Padasuka asli. Pun Ua Istri teh sareng sepuhna (Lurah Padasuka Cicadas) waktu BLA teh ngungsi ka Sumedang, ka lembur kuring. Di lembur kuring Ua Istri teh papendak jeung Ua kuring (lanceukna pun biang), teras nikah. Ua Istri teh sering ngadongeng ka kuring, kumaha balangsakna waktu ngungsi ka Sumedang, padahal anjeunna waktu di Bandung, sanes jalmi sangsara da sahanteuna ramana lurah jaman baheula. Komo cenah anu teu gaduh mah, dugi ka siki rambutan dipulungan, teras dikulub, dianggo ganjel beuteung nu kalaparan. Ceuk anjeunna waktu mulih ka Bandung, imah seep didurukan, taneh diparatokan. Eurih ngajejembrung ti jalan Ahmad Yani keneh, jalan Padasuka ( jalan ka Pa Ujo, saung angklung) jadi jalan satapak. Ua Istri ayeuna jumeneng keneh, ari Ua pameget mah geus ngantunkeun. Upami ditaroskeun, kumaha jaman harita teh? ....ah cenah anak incu Embu mah (kuring nyebutna Embu, nurutan incu2na) ulah ngalaman deui siga jaman harita ..... Baktos, WALUYA Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

