Akang percaya kitu wae kana carita sumur leuweung gajah ? kuring oge pernah ulin ka dinya, hayang nyaho we kaayaan eta sumur sampe aya jelma di lembur kuring di Dukuhbadag Cibingbin aya nu sampe ngabudah lamun nyarita leuweung gajah.
 
Kade ah... atos-atos, tiasa ngajumpalitkeun katauhidan urang kang (Musyrik). Lebetna kana Alihah, ngaku tuhan-tuhan lain, penolong2 lain selain Allah.

durahman <[EMAIL PROTECTED]> menulis:
Rek diteruskan, ah. Mumpung isuk keneh, bos can datang.

Hiji mangsa kuring naek taksi ti kemang ka Gambir. Teu kabeneran meunang
supir taxi na teh meni arogan. Bawanateh hoyong neke bae, tapi teu wani
sabab awakna gede luhur.

Kieu caritana matak kuring nyebut supir eta arogan;

Awalna supir eta someah. Ngajak ngobrol ka kuring. Antukna mah geus wae
kuring jeung manehna ngobrol kaditu kadieu sampae ahirna supir nanya ka
kuring, "Asal nya dari mana, mas?"

"Cirebon."

"Oh. Di cirebon kan ada sumur keramat yah? Sumur leuweung gajah."

"oh, iyah, mas. Kok tahu."

"Saya pernah ke sana. Pengen tau ajah. Kamu tau gak kenapa sumur itu
bisa keramat? Karena di dasar sumur itu ada Pusaka wesi kuning. Tidak
sembarang orang bisa tau keberadaan pusaka itu apalagi bisa
mengambilnya. Saya sebagai yg masih punya darah keluarga Majapahit
sebenarnya bisa mengambil pusaka itu. Kalau mau. Tapi saya tidak lakukan
itu."

"kenapa?" Ceuk urang tetep tenang sanjan keheul ku aroganisi manehna.

"Karena kalau diambil akan terjadi bencana kekeringan di seputar wilayah
itu."

"oh."

"Ahhhh.... Ngantuk mas. TOlong bangunin yg pak kalau sudah nyampe. Capek
banget nih." Ceuk urang ka supir. Padahalmah alesan wungkul lantaran
wegah ngobrol jeung manehna nu arogan.

>
>
> */durahman <[EMAIL PROTECTED]>/* wrote:
>
>     Hoyong cerita, ah. Ngeunaan sumur keramat di wewengkon kuring;
>
>     Tepatna di desa leuweung gajah, kec. Ciledug (?), Kab. Cirebon.
>     Aya hiji
>     sumur nu dikaramatkeun ku masyarakat sabundeureun wilayah eta.
>     Duka nu
>     pastinamah ti endi bae jama nu sok daratang kadinya, teh. Nu pastimah
>     pernah sakali dua kali basa urang ngaliwat kadinya nyeuleu mobil bus
>     gede nomor seri D, jeung nomor seri sejena parkir di area sumur
>     karamat
>     eta. Rek ka endi deui penumpang mobil etateh mun henteu rek ka sumur
>     leuweung gajah.
>
>     Pang-pangna sumur eta loba di daratangan jelma ti endi-endi lantaran,
>     cenah, sumur eta teh mawa hasiat jang jama nu mandi make cai sumur
>     eta.
>     Hasiatnatehmun budak geus kuduna bisa leumpang can leumpang keneh bae
>     jadi tereh lempang (meureun aya hasiat sejena;  mun hese jodo jadi
>     enteng jodo,  rejeki seret jadi lancar jrrd. Meureun ieumah. Da nu
>     kuring terang pastimah hasiat nu nomor hiji tea. Soalna basa keur
>     leutik
>     pernah kadinya, milu jeung Emih ngamandian si toto, pun adi)
>
>     Mun rek mandi di sumur eta teu bisa sambarang waktu. Waktuna kudu poe
>     jumat kliwon, ti beurang. Mimiti jam 7-an sampe jam 11-an. Mandina
>     kudu
>     babaseuhan (pakean ulah udaran). Beres mandi salin, terus baju nu
>     jang
>     mandi babaseuhan tadi kudu ditinggalkeun didinya.
>
>     Tos sakitu bae caritana. Mangga.
>

__________________________________________________
Apakah Anda Yahoo!?
Lelah menerima spam? Surat Yahoo! memiliki perlindungan terbaik terhadap spam
http://id.mail.yahoo.com


Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke